Skip to Content

CATETAN KEUR NUR WULAN SYAHIDAH

Tina catetan diary Wulan, 4 Sēptēmber 2004.

 

“Darma”, pokna bari ngasongkeun dampal leungeun katuhu. Leungeun kēncana pageuh nyepeng beusi pamuntangan nu ngagantung dina lalangit beus kota. Paromanna marahmay. Somēah. Friendly, meureun ceuk basa lēgēgna mah. Aya imut leutik nu nyelap dina juru biwirna. Saeutik, ukur sagelenyu. Teuteupna seukeut, tapi teu matak raheut. Badis mata heulang. Ngabelesur lir jamparing, nyasar rasa ngincer puseur implengan di dasar sagara dua mata.

Bari jeung rada asa-asa kuring nampanan leungeunna nu keker. Lalaunan nyebut ngaran, “Wulan”, tuluy tungkul nyingkahan teuteupna nu niruk jajantung tangka ratug tutunggulan. Hatē norowēco ngomong sorangan, nganaha-naha ka diri bet daēk wawanohan jeung lalaki anyar pinanggih, nu can karuhan bageur henteuna. Kumaha lamun lalaki iseng, atawa lalaki mata karanjang, atawa leuwih jauh deui jalma jahat nu aya niat gorēng rēk mergasa, ngarogahala, atawa ... na’udzubillahi min dalik.

“Punten... eu...”, pokna deui bangun asa-asa. Kuring tanggah, rada reuwas bari ngabedol dampal leungeun anu geuning masih kēnēh pacepeng-cepeng. Sakedapan paadu teuteup. Deui-deui kuring bobolēh. Rumasa ēlēh jajatēn ku teuteup seukeut mata heulangna. Kuring ngabalieus miceun beungeut. Nyumputkeun kaēra nu naraplok beureum dina pipi. “Punten... eu... eu...”, pokna angger asa-asa. Kuring angger tungku, api-api teu ngadēngē. Sakapeung api-api melong ka luar jandēla. Melong kosong, kana aleutan mobil jeung motor nu ngawurkeun kekebul jeung haseup, kana jajaran toko-toko nu kakara buka, kana abrulan jalma nu minuhan trotoar.

“...eu...eu... punten...eu... tiasa sampēanna diangkat ?”. Gebeg. Kuring ngarēnjag, reuwas liwat saking. Jaba ēra deuih. Ēta pangpangna mah. Ēra. Teu ku hanteu, abong kēna suku teu panonan, bet teu karasa nincak suku batur. Geuwat kuring ngangkat suku anu dampalna dibakutet ku sapatu anu pajurawet tali wungkul. Sapatu awēwē. Hakna anu jangkung tur mēncos, mēh nanceb dina sapatu kulit manēhna tangka kentob. Gancang kuring mēnta hampura ka manēhna. Pok deui pok deui kuring ngedalkeun kecap “hapunten !”. manēhna ukur ngawalon ku imut. Kalah tuluy nawaran peremēn karēt. Bari jeung ēra gē kuring nyokot hiji, laju dihuapkeun. Imut kuring ngalangkang dina sesela biwir, ngawalonan imut manēhna. Antukna, obrolan kuring jeung manēhna ngaguluyur bareng jeung murulukna girimis luareun beus kota. Jandēla mimiti renung ku cai hujan.

 

***

 

Saptu sorē, 2 April 2005

            Sisinarieun, wayah kieu hidep geus dangdan rapih. Panon poē karēk indit nyusulan indung peuting, nyēsakeun layung beureum nu ngagarantung na biwir langit beulah kulon. Kabeneran poē ieu mah henteu hujan. Teu girimis-girimis acan.langit burit lēnglang tan aling-aling. Kalong mimiti rabeng haliber ninggalkeun sayangna, mapaēsan sorē cangra, milu ngabagēakeun ka indung peuting nu rēk datang. Sok resep mun nyawang burit tina jandēla kamar tēh.

            Hidep asup ka kamar nanggeuy baki eusi saemuk citēh manis karesep Abahjeung sapiring gorēng pisang minangka lalawuhna. Sok, baki diteundeun luhur mēja gigireun jandēla. Tuluy nangtung hareupeun eunteung nu naplok dina panto lomari pakēan. Gulak-gilek. Dangdak- dēngdēk. Ngabebenah anu karasa can rapih. Subhanallah... geus gedē geuning hidep tēh, Geulis. Awak jangkung leutik, pepel tur ngeusi. Pakulitan sampulur dibungkus ku kaos jeung jēkēt kayas kameueut. Anderok nu ogē kayas, serasi pisan jeung kulit hidep anu beresih. Pangambung hidep nu bangir, naplok ngaantaraan dua mata nu cureuleuk. Biwir semu galing, dibaseuhan ku lipgloss pulas kayas, mani amucuy. Buuk hidep nu panjang tur hideung meles, ngarumbay tepi ka cangkēng. Nyaan, geulis geuning hidep tēh, Bageur. Bet jiga ...

            Ngarasa aya nu merhatikeun, hidep malikkeun awak. Lenyap. Hatē ase aya nu mangpēngkeun ka dasar jungkrang. Sakedapan ngeleper. Hidep bet ngajanggēlēk si jenat, indung hidep. Enya indung nu geus ngandung tug tepi ka ngagubragkeun hidep ka alam pawenangan ieu. Indung hidep nu teu kungsi nyaho yēn anakna borojol kalawan salamet sarta hirup kēnēh tepi ka kiwari. Malah geus jadi parawan rancunit. Indung hidep nu Insya Allah maot dina kaayaan syahidah basa ngalahirkeun hidep. Harita tēh meneran peuting bulan purnama, salapan las taun katukang. Ēta pangna hidep dingaranan Nurwulan Syahidah.

            Ayeuna hidep geus gedē, Anaking. Geus mangkat sawawa. Hidep geus nyangking titēl mahasiswi. Padahal salila salapan las taun tēh hidep ngan apal ka nu jadi bapa. Ka indung mah ukur wawuh tina potrēt nu ngajeblag dina tēmbok di kamar Abah, jeung padung nu unggal sorē dilongokan. Mēmang salila ieu, ti barang brag, hidep ukur diurus ku Abah, dibantuan ku Bi Ijah, lanjang urang. Padahal teu kurang-kurang ēta ogē nini, uwa jeung bibi-bibi hidep mah nitah sangkan Abah nēangan gaganti si jenat, pikeun nempatan posisi indung hidep. Tapi hatē Abah teu mērēan. Hatē teu mikeun mun hidep kudu boga indung tērē. Geus loba kacaritakeun, kumaha nasibna budak nu diasuh ku indung tērē. Najan teu kabēh, tapi karērēaanna mah balangsak. Teu. Abah teu mikeun samasakali.      Alhamdulillah, geuning ku sorangan gē teu burung bisa ngagedēkeun hidep.

            “Serasi teu, Bah ?”, gebeg. Reuwas. Asa kagareuwahkeun, keur anteng ngumbar panineungan.

            “Cocok, Geulis ! Cocok !. Saē pisan. Mani jiga ... Aēh, na badē ka mana anak Abah tēh, asa tara-tara ti sasari wayah kieu tos ngageulis ?”

            “Ah, moal ka mamana, Bah. Hoyong baē atuh dangdos sakali-kali mah”, walon hidep bari aluman-alimen, semu nu ēra. Bet hayang terus ngaheureuyan ari nempo kitu tēh.

            “Henteu nuju ngantosan ... “

            “Assalaamu’alaikummm....”

            “...nu assalaamu’alikum...?” hidep imut semu ēra. Tapi katara aya katumbiri mayung dina pameunteu. Manca warna. Gura-giru hidep lumpat muru tepas imah, rēk ngabagēakeun nu dianti.

            “Dupi ieu leres bumi Pa Karta ?”

            “Oh, sumuhan, mangga linggih Bapa. Kaleresan pun Bapa nuju aya”, hidep nyusulan ka kamar, ngabējaan aya tatamu ka nu jadi bapa. Katumbiri tēa na raray hidep geus mēh leungit, katutup ku mēga hideung kahanjelu. Nu uluk salam tēh geuning lain nu dianti. “Ulah waka bendu atuh, Geulis. Nuju di jalan kēnēh panginten...”, ceuk Abah ngupahan. Hidep imut. Tuluy ngalēos ka dapur. Sanggeus nyuguhan tatamu, hidep asup ka kamar. Ngarapihkeun deui dangdanan, jang ngabagēakeun nu dianti tēa.

            Mang Ruslan, tatamu tēh, ti Wanaraja. Manēhna ngahaja nepungan, ngabējaan yēn Mang Emod, panyawah urang, maot kabēntar gelap basa ngaroris sawah urang anu di Wanaraja, bareng jeung Jang Ahmad, anakna nu karēk sataun jadi Sarjana Pertanian. Teu lila natamuna tēh, ukur nepikeun bēja hungkul. Mang Ruslan tuluy balik deui. Ku Abah dikeupeulan jang ongkos, sarta teu poho mihapē duit keur kulawarga Mang Emod, bari dijangjian yēn isukan rēk indit ngalayad ka Wanaraja.

            Di kamar, kasampak hidep keur anteng nulis dina buku harian. “Saha nu diantosan tēh, Geulis, kabogoh ?’, ceuk Abah harita bari ngusapan buuk hidep. Hidep ukur imut ngagelenyu, semu ēra. Tuluy unggeuk.

            “Hoyongeun tepang sareng Abah”

            “Tah, tah, tah... saha ngaranna ? urang mana ?”

            “Kang Darma, urang Garut”

            “Kutan ? atuh sakalian baē isukan urang tepungan kolotna. Da Abah isuk rēk ka Garut. Rēk ka Wanaraja, ngalayad kulawarga Mang Emod, panyawah urang.”

            “Da teu acan terang bumina anu di Garut mah”

            “Atuh taroskeun, Geulis. Kapan ayeuna badē kadieu sanēs ?”

            “Aēh muhun, nya !”, hidep ngēlēmēs kaisinan. Tayohna ēra aya atoh aya. Atoh pēdah nu jadi Bapa ngarojong kana karep hidep. Hawar-hawar, tina tēlēpisi nu keur dilalajoan ku Bi Ijah di tengah imah, kadēngē sora adzan magrib.

            “Kadē tong hilap shalat magrib, Bageur !”

            “Mangga, Bah.”

 

***

 

Tina catetan diary Wulan, 2 April 2005 : 21.00

            Jam antik titinggal uyut di juru rohang tamu disada salapan kali. Nu dianti-anti teu baē sumping. Ka mana atuh panutan tēh ? Kapan sakitu ēcēs disebatkeun dina serat, yēn sonten ieu tēh akang badē sumping,

Wulan, Geulis,manawi teu aya wagelan, Insya Allah dinten Saptu nu baris sumping, pasosonten, Akang badē ka bumi Wulan. Akang hoyong tepang sareng tuang Rama, sapertos nu kantos ku urang diobrolkeun.

Ku Abdi diantos ti sonten mula. Kēnging dangdos salila-lila, salira teu aya datang. Naha bet jalir, Jungjunan. Atanapi lali panginten salira tēh ? Upami aya pamengan nu teu tiasa dikantunkeun, geuning bet teu ngawartosan ? Telepon di rorompok aya, handphone ogē tara dikantun, da bilih salira ngagentraan. Upami atanapi ngahaja lali tēa mah, teungteuingeun teuing atuh, Jungjunan. Kantenan upami ngahaja lumpat tina tanggel waler mah ... Duh, saha atuh engkē nu bakal janten Bapa si Utun ?

 

***

 

Minggu, 3 April 2005

            Subuh urang indit ti imah tēh. Duaan baē, katilu supir. Teu milu bi Ijah mah. Kira jam dalapanna urang geus nepi ka Wanaraja, langsung muru ka imah kulawarga Mang Emod. Kasampak pamajikan Mang Emod keur ngalangeu di pipir imahna, dibaturan ku tatanggana, papada awēwē. Barang apal urang datang tēh manēhna gura-giru ngabagēakeun. Kitu deui tatangga-tatanggana. Pating solongkrong bari rengkuh ngasongkeun pangbagēa. Kitu tēa mah wajar, da dihenteu-henteu ogē maranēhna tēh kungsi kahutangan budi ku Abah. Kawas kulawarga Mang Emod, maranēhna kungsi ngagantungkeun hirupna tina sawah, kebon jeung balong Abah. Maranēhna dibērē kasempetan jeung kapercayaan ku Abah, pikeun miara sawah, balong atawa kebon Abah kawas bogana sorangan, tepi ka bisa baroga sorangan.

            “Euleuh-euleuh, Nēng Wulan ieu tēh ? Mani kalinglap. Kapungkur waktos dicandak ka dieu tēh nuju orok kēnēh, diaais ku Bi Ijah. Ayeuna ayeuna mani tos ageung kieu. Tos parawan. Tos waktosna, Juragan”, cenah bari ngalieuk ka Abah. Hidep mah ukur imut maur.

            “Enya puguh. Ieu gē rēk sakalian nēang piminantueun. Cenah urang Garut”

            “Ih, Abah mah comēl ah...”, hidep aluman-alimen bangun nu ēra.

“Mangga atuh lalinggih, Juragan, Neng Wulan”, pamajikan Mang Emod ngajak asup ka jero imah.

“Ah moal waka, Bi. Hayang nempo heula kuburanna. Mang Emod tēh panyawah kuring pangsatiana. Geus aya likur taunna manguruskeun sawah kuring. Sakitu geus boga sawah sorangan gē, angger baē daēk ngurus sawah kuring. Kuring rēk mēnta dihampura, teu bisa mulang tarima kana kasatianna. Rumasa kuring jolēdar. Tambelar. Tepi ka maotna ogē teu bisa nungkulan dikurebkeun-dikurebkeun acan.” Ceuk Abah harita bari nghayukeun ka Mang Ruslan, nu kabeneran ngurunyung, mēnta dianteur ka pajaratan. Hidep mah teu milu. Dicarēk ku Abah. Da pajaratan tēh lumayan jauh. Jeung nanjak deuih. Ku Abah hidep dititah nungguan di saung bari ninggalian sawah jeung kebon urang anu dirus ku kulawarga Mang Emod tēa.

Aya dua kuburan anyar tēh, pagigir-ggir.taneuhna gē bareureum kēnēh. Tetenggerna tina kai, ditulisan Emod Mahmudin, lahir taun 1930, wafat 2 April 2005. Anu gigireunna, Ahmad Sudarma, SP, lahir 7 Maret 1980, wafat 2 April 2005. Anak Mang Emod, nu sakuduna jadi tuturus kulawarga neruskeun bapana. Abah ngadunga sangkan Mang Emod jeung Jang Ahmad ditampi iman islamna, dihapunten saniskara dosana, diperenahkeun di tempat nu mulya di sagēdēngeun panglinggihan Gusti Allah.

Balik ti pajaratan, kasampak hidep keur ngalangeu di saung. Nyawang Cikuray ti jauhna. Betah kawasna hidep tēh, dipēpēndē angin bari nyeuseup hawa pasawahan nu seger kēnēh can kaganggu ku polusi kawas di kota.

Urang tuluy muru imah kulawarga Mang Emod, anu ayeuna mah ukur dieusian ku pamajikanna sorangan, da teu boga deui budak. Kasampak, pamajikan Mang Emod geus nyayagikeun sangu jeung deungeunna. Saaya-aya, pokna tēh, padahal ceuk Abah mah jiga nu diaya-ayakeun. Gorēng lauk, gorēng hayam, gorēng tahu-tēmpē, kurupuk jeung sambel katut lalabna.

Teu kebat Abah nyiuk sangu tēh, basa nempo hidep kalah ngajengjen palebah lawang, bari mencrong potrēt anak Mang Emod anu keur diwisuda, anu ngagantung dina tēmbok gigireun lawang. Beungeut hidep pias, awak ngeleper, kēsang muruluk sakujur awak.

“Wulan, Geulis ... “, ceuk Abah bari nyampeurkeun hidep.

“A...a...a...Abaahh.....”, hidep ngocēak, tuluy ngagabrug nyuuh dina keukeupan Abah, nyalindung dina kanyaah kolot hiji-hijina. “Kk..Kang ... Kang Darma ...”, talaga wening nu salila ieu teu welēh jadi pangeunteungan giwangkara jeung purnama dina sapasang panon hidep, bedah sapada harita. Hidep ceurik balilihan bari nyambat ngaran Abah jeung ngaran bēbēnē, Darma. Abah ngahuleng. Pamajikan Mang Emod hookeun. Mang Ruslan teu lēmēk. Sarērēa teu ngarti kana kanyataan nu keur karandapan. Ceurik hidep mingkin tarik, dipungkas ku eueuriheun. Tuluy eureun. Hidep kapiuhan. Enya, hidep kapiuhan, teu inget di bumi alam. Ku Abah hidep dipangku, digolērkeun dina dipan di kamar jang Ahmad, aēh jang Darma.

 

***

 

“Wulan, Geulis, anaking ... naha hidep tēh bet luluasanan ? Atuh saha ayeuna nu rēk maturan Abah mēakkeun umur tēh ? Hidep anak Abah hiji-hijina, kalah ngantep Abah. Ngadon nyumput baē di kamar. Geura damang, bageur, geulis, anaking. Geura sēhat deui sabihara bihari. Geura ngariung deui jeung Abah, jeung bi Ijah. Tuh tinggal, Nini, Uwa, Bibi, Emang jeung dulur-dulur ogē babaturan hidep narungguan. Sok geura ggah, bageur... geura kaluar. Tong numpi baē di kamar”, sora Juragan Karta haroshos. Ngaharēwos ditompokeun kana ceuli Nēng Wulan anu ngalemprēh teu usik teu malik dina ranjang. Koma geus leuwih ti sabulan. Kandunganna nu karēk maju sapuluh minggu, kaguguran.

 

***

 

Bandung, Mēi 2005

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler