Skip to Content

Manéh nu melak tatangkalan, manéh ogé nu manén buahna!

Foto oichidan

Kacaritakeun dina hiji mangsa, dina sakola aku pangkasohorna di Kota Bandung, aya hiji jajaka kasep namina Bara. Tapi ieu sanés Bara anu dipikanyaho ku barudak Jejepangan, Bara téh namina dicandak tina seuneu (Bara Api). Anjeunna nembé kelas X, sami waé sareng kelas hiji di SMA. Ku aktifna ujang Bara téh ngiringan ekskul Pramuka sareng Band.

Réréncangan Bara sababaraha urang ngagaduhan rencana kanggo ngayakeun acara Musik sareng pentas seni antar kelas dina sasih Maret. Ieu acara téh rahasia, kumargi upami ieu acara diajukeun ka sakola, izinna bakal sesah kaluar. Saangkatan parantos sapakat yén ieu acara ulah nepi ka dibocorkeun ka sasaha waé guru atanapi anu lain angkatan.

Senén, 16 Februari 2015, Pelajaran Sosiologi.

Ibu Guru naroskeun ka sadaya murid ngeunaan sasih Maret, dupi dina eta sasih barudak tiasa ngiringan study tour budaya ka Kampung Naga di Tasik atanapi moal. Sadaya murid teu aya anu némbalan, iwal Bara anu ujug-ujug ngacung bari nangtung di kelas. “Hapunten, ibu, dupi Abdi moal tiasa ngiringan eta Study Tour dina sasih Maret,”

“Kunaon kitu?” Tumaros Ibu Guru.

“Kumargi aya acara angkatan, bu,” timbal Bara, “Dina sasih Maret téh angkatan abdi badé ngayakeun acara musik antar kelas bu. Ieu ogé parantos négo-négo sareng pihak EO (Event Organizer,anu sok ngurus-nguruskeun acara) sareng sponsorna ogé parantos seeur anu tos dikontak,”

“Éh, nanaonan nyarieunan acara nu kitu!” Ibu Guru rupana kirang resep ngadangu kabar éta ti muridna. “Manfaatna gé euweuh, jaba kelas sapuluh kénéh. Nyieunan nu karitu mah kedahna ogé engké pas kelas dua belas atuh. Emang widi ti sakola tos aya kitu?”

“Upami éta, abdi teu terang bu. Margi abdi sanés janten panitia dina ieu acara,”

 

Salasa, 17 Februari 2015. Tabuh dua belas.

Bara mapah ka koridor kelas XII. Mapahna téh jiga anu parantos asam uratna kambuh—mani lesu, tur teu aya sumanget-sumangetna acan. Sajajalan, Bara tutungkul jiga nu mikul batu beurat. Mapahna téh ningalna ka handap, sanes ka hareup. Untungna wéh sajajalan téh kosong, margi siswa-siswi kelas XII parantos uih di tabuh sabelas.

Anu didatangan ku anjeunna téh kelas XII IPS. Barang ngabuka panto kelas, aya saurang lalaki anu keur diuk di salah sahiji bangku, barisan pangtungtungna, pangkéncana deuih. Bara anu kungsi galau (istilah barudak zaman ayeuna lamun ngagambarkeun hiji keadaan resah atanapi nuju ngagaduhan masalah nu tutuluyan dipikiran) nyampeurkeun eta siswa teras diuk di payuneunana.

“Kang, punten abdi ngaganggu,” saurna laun. “Abdi badé nyungkeun saran kang, kumargi ieu téh nuju aya masalah,”

Akang anu titatadi diuk bari olohok ningali ka payuneunana siga nu aya naon, tapi da euweuh nanaon téa gening. Dina waktos Bara nyarita, Akang teu aya ngawaler-walerna acan. Bara anu sedih nyandak telepon séluler (atanapi HP) tina sakuna, teras masihan tingal ka akang salah sahiji SMS anu ditampina ti réréncanganana.

 

Naha ai manéh belegug atawa kunaon, bet ngabejaan ka si ibu!? Ayeunna kumaha siah lamun sakola apal, saha nu rék tanggung jawab, hah!? Belegug atuhda manéh mah, mikir atuh! Boga hulu teu dipake sakarep-karep acan! Mun manéh aya kawani manggihan urang mah geus dicéntang da ti kamari!


“… Kumargi kitu masalahna kang, kumaha akang tiasa ngabantuan abdi?” Parantos dicaritakeun, Akang anu titatadi ngadangukeun nulis dina hiji kertas. Éta kertas digugulung, teras dialungkeun ka jero tempat sampah anu aya di deukeut bangku anjeunna. Akang teras angkat kaki tina éta bangku, ngalanjutkeun léngkah lalaunan kaluar tina rohangan kelas.

Barang dicandak éta kertas, ditingalna naon anu tadi diserat ku akang.

 

Jam tilu engké barudak panitiana rék manggihan EO di tempatna pan? Ku saya rék dibunuh kabéhanana ai kitu mah.

 

Ku reuwasna, Bara ngalungkeun eta kertas bari rusuh ka jero tempat sampah anu tadi. Ku panikna, Bara dugi ka nafasna ditarik mani kuat siga nu sakaratul maut. Keur panik-panikna, Bara kalah prak diuk dina bangku anu tadi ditempatan ku anjeunna kénéh bari ngagalau tungkul dina meja bari pundung.

“Kunaon, jang?”

Sora lalaki kadangu tina lawang panto. Bara anu pundung teras ningal, baris reuwas manggihan babaturanana Séptian Dwi kelas X IIS 6 anu nuju nangtung didinya sareng Angga kelas X MIPA 4. “Pundung waé jiga awéwé ai manéh, kunaon?” Séptian tumaros ka Bara nu panik.

##

“Leug siah, ayeunna rék kumaha siah?” Séptian dipasihan kertas anu tadi dibaca ku Bara. Parantos dibaca ku anjeunna sareng Angga, Bara nyaritakeun sagala rupi permasalahananna ka dua lalaki eta. “Naha atuh bet ngabejaan ka guru sosiologi kamari?”

Bara anu teu kungsi ngajawab, kalah tungkul siga budak SD anu keur diwaragahan ku indungna.

“Ayeunna kalah jadi leuwih édan masalahna,” Angga ngoméntaran. “Kumaha éta barudak lamun bener dipaéhan ku si akang?”

“Maenya teuing si akang nepi ka kitu,” komentar Bara bari tungkul.

“Har ai manéh teu apal? Si Kang Aldi mah lamun geus urusan maéhan jelema, lain wadul omonganana!” Séptian nembalan baris neugtreug. “Sok manéh emang daék dituduhkeun nitah si Akang maéhan babaturanana?”

“Naha jadi nyalahkeun ka urang ai manéh!?” Bara janten panik.

“Da lamun manéh teu nyaritakeun ka si akang mah moal nepi ka kieu,” tembal Angga bari nyantéi. “Barina gé belegug manéh mah kalah ngabejaan ka guru Sosiologi kamari. Siga jelema kabetrik waé,”

“Saha nu kabetrik hah, saha!?”

“Cicing manéh!” Ku Séptian ditalapung Bara nu panik sangkan anjeunna téh mental sababaraha jarak dugi ka tikusruk dina lantai. “Deuleu yeuh omongan urang! Lamun manéh ngakukeun lalaki, sampeurkeun barudak panitia nu keur nungguan di EO terus ménta hampura! Ulah sok kabur geura ai aya masalah téh, keur mah manéh nu nyieun masalahna!”

Bara ngelapkeun getih anu kaluar tina irungna, kusabab tadi ditalapung ku Dwi rada tarik. Dwi sareng Angga ngalengkahkeun sukuna kaluar tina rohangan kelas. Pas pisan dina lawang panto, Angga ngomong, “Lamun manéh kabur deui, geus pasti eta barudak maotna kusabab manéh nyarita ka si akang. Manéh nu bakal disalahkeun ku saréréa. Keur mah kitu, acara sakola ieu ogé bakal batal gara-gara manéh, jago lamun bisa kénéh salamet teu dimusuhan ku barudak saangkatan tah,”

Pok duaanana kaluar tina kelas, parantos ngadobrak pantona ti jero da ruksak téa panto kelas XII IPS mah. Bara, di kelas, cicing tungkul baris ceurik.

##

Anu mingpin panitia acara éta téh Fu’ad, X IIS 2. Anjeunna nuju manggihan salah sahiji EO paling kasohor di Kota Bandung. Tempatna di kantor EOna, jauh di Bandung Selatan. Bara, nganggo sepeda motor, teras ngebutkeun jalanna sangkan bisa datang ka tempat EO saacan tabuh tilu. Ai jam mah masih kénéh nunjukkeun tabuh satu langkung opat puluh lima menit.

Barang nepina ka éta tempat, Bara manggihan Fu’ad anu keur ngobrol jeung saurang lalaki jangkung. Tina parawakan jeung awakna mah kaciri yén éta lalaki téh yuswana tilu puluh tahunan lah. Sanepina diditu, Fu’ad nangtung tina nu tadina diuk. “Rék naon manéh kadieu!?” carékna.

“Kieu, urang téh kadieu rék ménta hampura… Kamari urang asal celetuk ka si ibu pas pelajaran, khilaf…”

“Halah, ai geus kieu geura kakara ménta hampura! Da rék kumaha deui, kumaha siah lamun sakola geus apal mah kuduna manéh nu tanggung jawab!” témbal Fu’ad anu kungsi dilahap emosi dugi ka Lével Maksimum.

“Siap lah, urang ayeunna siap nerimakeun tanggung jawabna,” Bara anu nembalan.

“Tapi ayeunna ieu kumaha urusanna?” timbal Fu’ad. “Ieu urang jeung akang EO geus téréh-téréh nepi ka deal (baca: dil) yeuh! Lamun ayeunna dibatalkeun kumaha? Manéh siga nu heueuh waé bisa narimakeun tanggung jawab, daék emang ngagantian sagala rupana nepi ka ayeunna?”

Bara anu teu bisa némbalan ngadon cicing bari matung diwaragahan siga kitu. Pas dina saat-saat éta, kalah aya batur nu némbalan ti tukang. “Nu penting mah can nepi ka tanda tangan MOU kan?” (baca: em-o-yu, Memorandum of Understanding, lamun aya dua instansi atawa pihak anu nyieun persetujuan kerja sama atanapi kontrak, kedah ngadamel MoU kanggo nga-sahkeun kontrakna. Kontrak dianggap sah lamun MoU parantos ditanda-tangan.)

Ningal ka sumber suara, aya Séptian anu parantos turun tina motor sareng Angga anu ngemudikeun motor. Harita Angga markirkeun motorna, Séptian anu némbalan. “Barinagé manéh mah maksakeun teuing nyieun acara di kelas sapuluh! Sok siah kumaha lamun bener dijadikeun acarana, terus saeutik nu datang?”

“Moal, pasti loba nu datang! Maenya teuing barudakna sakitu pan angkatan urang téh geus satuju ieu acara bakal diayakeun!” tembal Fu’ad anu optimis.

“Heueuh ari geus loba mah, perizinan kolot kumaha?” témbal Séptian. “Da lamun ieu acara sakola mah kolot pasti méré izinna gampang. Ngan saukur acara musik bébas mah, komo dina poé Minggu, pasti ditolak izin ku kolot!”

“Gampang lah urusan éta mah kari nyieun surat EO nu nanda tangan!”

“Moal gé jadi ai manéh teu mikir!? Tetep weh kolot mah ningali lamun acara sakola kakara diizinan! Barina ogé ieu acara maksakeun teuing waktuna di kelas hiji. Lamun rék nyieun nu karieu patut mah di kelas tilu! Daratang gera sok barudakna, nurut ka urang matakna!”

“Naha bisa kitu? Manéh jiga nu teu satuju ieu acara diayakeun! Da kitu da pengkhianat angkatan mah kalakuanana kalahkah ngabéla jelema modél si Bara!” umpat Fu’ad anu titatadi keukeuh éta acara mani kudu dilaksanakeun.

“Sok mikir geura, nyieun acara di kelas sapuluh. Meun teu barudakna téh bakal marikir, ‘Ah cik téh engkékeun wéh deui acarana da kelas sapuluh ieu’. Sok kumaha lamun marikirna jiga kitu? Rék sanajan didinya percaya pisan ka angkatan, geus ditanyaan can saurang-saurang bakal datang atawa moalna?” témbal Angga, anu parantos markirkeun tur ngamankeun motorna. Bara anu titatadi olohok ningal Séptian debat sareng Fu’ad teu kungsi bisa ngomong nanaon. “Kumaha siah lamun saeutik nu datangna? Sponsor loba tapi konsér sepi, daék teu manéh dicarekan bébéakan ku sponsor? Saha nu mayar EOna engké lamun saeutik nu datang cing? Daék teu nalangan kabéh biayayana?”

Fu’ad parantos rék némbalan pisan pas di tukangeunana, akang anu titatadi ngajak anjeunna ngobrol parantos nangtung mamawa bedog dina leungeunna. Pas bedog éta diayunkeun ka Fu’ad, Bara luncat nyelametkeun Fu’ad, tapi anjeunna anu teras kasabet tonggongna ku bedog éta. Anu tadi diajak ngobrol ku Fu’ad, si akang anu diajak ngobrol, parantos janten jalmi edun.

Paripolahna ogé tos teu kungsi tiasa disebat manusia deui. Parantos jiga jalmi anu hilang akal sehat sagala rupina. Padahal nembé pisan jalmi éta diajak ngobrol ku Fu’ad siga jalmi anu euweuh panyakitan, tapi ayeunna anjeunna kalah jadi jiga jelema kabetrik. Séptian sareng Angga reuwas, ku panikna, tapi sieuneun nyampeurkeun Fu’ad jeung Bara anu tonggongna beureum ku getih.

Si akang éling teras nénjo ka Séptian. Awalna si akang kalah nangtung bari tungkul, teu ngomong nanaon. Séptian Dwi sareng Angga nangtung tinghorejad, kusabab teu wani ngalakukeun nanaon. Lamun aya waé pergerakan saeutik, meureun teu dibacok ku akang éling.

Ujug-ujug si akang ngamuk, gogorowokan sorangan teras lumpat tarik ka arah Séptian. Pas pisan éta bedog rék diayunkeun ka léhérna, di payuneun Séptian aya saurang anu nangkis éta bedog maké péso. Séptian, ti tukangna, ningal saurang nu make saragam SMA di payuneunana mawa péso duka teuing datangna ti mana, tinghorejad.

Bara masih kénéh pingsan. Fu’ad nu reuwas, ngungsikeun Bara lalaunan ngajauhan si akang éling.

Anu di payuneun Séptian teras nyekék akang éling. Diangkat awakna lalaunan. Ku tarikna éta cekékan, bedog anu dicecepengna leupas tina panangan anjeunna. Untungna, daérah éta keur teu aya sasaha nu ngalintas dina rupana, jadi teu aya nu ribut aya nu paséa didinya kénéh. Si akang nu nyulametkeun Séptian nganggo pésona, diayunkeun tarik ngalintas pinggangna.

Ku bérésna, éta awak si akang éling parantos kabagi dua. Getih ngungucur tina awal bagéan luhurna anu masih kénéh kacekek. Bagéan tubuh nu hijina deui plu lagrag ka taneuh mucurkeun getih beureum anu bauna siga besi. Awak almarhum akang éling dipiceun ku si akang anu ngabunuhna.

Akang éta nyampeurkeun Bara anu lemes kusabab luka getih. Dialungkeun perban ka Fu’ad anu titatadi ngusahakeun getihna berhenti ku cara make bajuna keur nutupan eta getih. “Watir,” ujarna. “Tapi émang kitu sih. Saha nu melak pepelakan, manéhna nu kudu manén buahna. Bara moal maot lamun lukana ayeunna kénéh diperban,”

Si akang teras malik nyanghareupan Séptian jeung Angga nu titatadi merhatikeun. “Nuhun wi,” omongna. “Keun wéh si Bara mah, antebkeun. Saméméh pelajaran hirupna dipikainget tah. Barina ogé si Fu’ad belegug, bet urusan jeung jelema ieu. Timana kasohorna ieu jelema, ieu mah saukur jelema anu neangan duit terus maéhan tamuna barang duitna geus dimeunangkeun. Teuing tah kumaha lamun maranéh tadi ngajadikeun acara,”

“Santai wéh, kang!” témbalna.

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler