Skip to Content

Sinopsis Roman Siti Rayati

Foto IMADUDDIN

Sinopsis Roman Siti Rajati: Ti Noé Powék ka noé Tjaang. Asal Hina Djadi Moélja". Karangan Moh. Sanoési. Bandoéng 1923)


Siti Rayati Part I

Dina hiji soré, poé Saptu bulan April, di perkebunan entéh Raga Sirna. Padumukna arindit ka pasar, seja balanja jeung lalajo raraméan wayang golék. Tapi Tuan Steenhart mah, pangawas perkebunan, kalah huleng jentul nyorangan mikiran nyaina nu karék tilar dunya. Dina hiji isuk, nalika ngontrol ka kebon, Tuan Steenhart teu ngahaja panggih jeung tukang metik entéh anu rupana nyeplés jeung jenatna pamajikanana. Éta awéwè téh ngaranna Patimah.

 

Teu kungsi lila ogé  Tuan Steenhart katarik ati ku Patimah. Manéhna beuki rajin ngontrol, sangkan bisa panggih jeung Patimah. Ku sabab teu bisa nahan hawa napsuna, dina hiji mangsa Tuan Steenhart nyoba-nyoba ngarayu Patimah. Tapi ku lantaran angger mugen, Patimah tungtungna mah di gadabah ku Tuan Steenhart. Akibat tina éta kajadian, Patimah gering salila saminggu. Tuan Steenhart ngiriman obat jeung duit, sangkan bisa narik perhatian Patimah.

 

Sabada cageur, Patimah digawé deui sakumaha biasana, tur teu betus ka sasaha ngeunaan kajadian anu karandapan ku manéhna. Ari Tuan Steenhart hantem-hanteman barangkirim dahareun jeung duit. Manéhna tuluy néangan lolongkrang sangkan bisa panggih deui jeung Patimah. Dina poéan gajihan, Tuan Steenhart ngahaja teu mikeun gajih Patimah. Pokna téh kalah disina nyokot langsung ka imahna. Sanajan sieun, Patimah teu burung datang ogé ka imah Tuan Steenhart. Di imahna Tuan Steenhart nyieun siasat sangkan Patimah abus ka kamarna. Di dinya Patimah dipergasa deui ku Tuan Steenhart bari diancan maké péstol.  

 

Dina ngalajur talajakna, Tuan Steenhart teu weléh bari susulumputan baé, sieun kanyahoan ku Tuan Kawasa. Da Tuan Kawasa mah kacida pisan mahingna saupama pagawé urang Walanda nyokot nyai-nyai ka tukang metik entéh. Salila dua bulan Patimah teu digawé alatan indungna gering parna. Sapanjang indungna gering téh tanda-tanda yèn Patimah reuneuh beuki katémbong. Teu lila ti harita, indungna tilar dunya. Patimah bingung ku dua ku tilu. Sabab salian ti nunggelis téh beuteungan beuki bureuyeung. Ari Steenhart geus sugema ngalajur napsu mah teu kungsi narik nakon deui.

 

Siti Rayati Part II

 

Nalika nincak ka dalapan bulanna, Patimah ménta dianteur ka mandor Sastra pikeun nepungan Tuan Steenhart. Patimah hayang meredih tanggung jawab Tuan Steenhart. Teu disangka-sangka, Tuan Steenhart teu daék tanggung jawab. Patimah kalah diusir bari dicarekan laklak dasar.

 

Dina kaayaan sedih jeung bingun, antukna Patimah kabur ti lemburna. Di tengah jalan manéhna milu nyiruruk di hiji warung sisi jalan, di Sukabumi. Éta tukang warung téh kacida karunyaeunana ka Patimah. Tapi ku lantaran embung ngaririweuh batur tur éra ongkoh, Patimah kabur deui. Di tengah jalan, nalika keur meumeujeuhna poék peuting, Patimah ngajuru di hiji saung kebon. Orokna awéwé. Patimah geus pasrah sagala rupana. Éta orok téh ditinggalkeun di saung kebon. Orokna kalah direwég anjing. Nepi ka curukna nu kénca sumpung. Antukna Patimah balik deui. Tuluy baé orok téh ditutupan ku kurung hayam. Dina kaayaan sedih, Patimah indit bari ngadunga supaya dina hiji waktu bisa papanggih deui.

 

Poé isukna, éta orok téh kapanggih ku Lurah Cirayati. Tuluy dipasrahkeun ka dununganana, nyaéta juragan Wadana. Ku lantaran juragan Wadana teu boga budak, antukna éta orok téh dikukut, laju di ngaranan Siti Rayati, ngalap kana ngaran lembur tempat kapanggihna éta orok. Nyaéta Désa Cirayati.

 

Beuki lila orok teh beuki gedé. Juragan Wadana gé geus diangkat jadi bupati. Ku sabab anak menak, Gat Titi --nénéhna Siti Rayati-- bisa sakola kaitung luhur. Malah tuman ogé gaul jeung urang Walanda. Waktu sakola HBS di Semarang, Gan Titi kaserang panyakit malaria. Antukna Gan Titi sakolana HBS-na eureun, pindak ka sakola Normaalcursus di Batawi. Didinya Gan Titi ngajrék di imahna Tuan Van Der Goud. Di dinya Gan Titi resep macaan buku, utamana ngeunaan pulitik jeung sajarah. Tapi di Batawi gé panyakit malariana jadi deui. Antukna Gan Titi mulang ka Sukabumi, titirah di imah kawawuhan bapa anu sasama ménak. Heuleut sawatara bulan, datang télégram anu eusina mapadonan Gan Titi sangkan geuwat balik, lantaran waktu manéhna datang indungna geus tilar dunya. Sangeus sawatara bulan, bapana ménta kasaluyuan Gan Titi pikeun kawin deui. Gan Titi gé nyatujuan, sangkan bapana aya nu ngurus. Pruk baé bapana Gan Titi kawin deui ka sasama ménak, anu masih kénéh kulawdetna sorangan.

 

Siti Rayati Patr III 

 

Antara Gan Titi jeung indung téréna téh sering pisan pagétréng. Babakuna mah lantaran indung téréna teu resepeun nénjo Gan Titi anu mémang dianggap kablandaan. Gan Titi sering pisan digeunggeureuhkeun lamun katénjo maca buku baé téh. Nepi ka dina hiji mangsa indung téréna kedal ucap bari jejebris, yén Gan Titi téh ukur anak pulung. Éta ucapan téh kadéngéeun ku Gan Titi, nepi ka Gan Titi ngarasa sedih kacida. Kituna mah da indung téréna téh lain awéwé anu bener. Karesepna kana judi jeung barangpénta ka bawahan salakina.

 

Poé isukna Gan Titi ménta idin pikeun nganjang ka Batawi, ka Tuan Van der Goud. Padahal di Batawina téh Gan Titi ngalamar pagawéan, tur antukna ditarima. Di imah Van der Goud aya hiji babu katut salakina jeung dua budakna. Éta babu téh ngaranna Patimah. Anu enggké bakal kanyahoan yén éta téh indung teges Gan Titi.

 

Sabada ditarima, kakara Gan Titi ngabéjaan ngaliwatan surat, yén dirina geus digawé jadi jurutulis kantor pos. Meunang béja kitu ti bapana Gan Titi reuwaseun.  Haténa beuki yakin baé yén aya pacogrégan antara Gan Titi jeung indung téréna. Tuluy bapana Gan Titi nyusulan ka Batawi. Di Batawi Gan Titi digelendut ku bapana. Tina wangkongan kanyahoan, yén nu matak Gan Titi pundung téh, aya omongan nu matak teu ngeunah ti indung téréna, anu nyabit-nyabit yén manéhna budak meunang manggih.  Bapana geuwat baé ngupahan Gan Titi. Bari tuluy meredih sangkan Gan Titi geuwat laki rabi. Bapana ngasongkeun hiji calon anu kalungguhan luhur. Tapi ku Gan Titi ditolak sapagojodan. Bari terus nembrak-nembrakeun kagorengan kaom ménak, kaasup lalaki pilihan bapana. Cindekna mah Gan Titi geus teu percayaaeun kana tabéat kaom ménak anu kaceluk sok resep korupsi. Dikitukeun téh bapana Gan Titi kasedekkeun, teu bisa kukumaha deui.

 

Heuleut sawatara waktu ti harita, Gan Titi ngirim deui surat ka bapana. Eusina mopoyankeun yén manéhna geus pindah imah bari mawa babu Patimah sapiri umpi, lantara Tuan Van der Goud balik ka nagri Walanda. Dina hiji poé bapana Gan Titi datang deui ngalongok. Di dinya kasampak aya suratkabar Malayu. Da ti saprak cicing di imah Van der Goud pikeun anu kadua kalina, Gan Titi sok macaan suratkabar Malayu. Tuluy baé Gan Titi némbongken hiji artikel anu ngritik kalakuan ménak. Maca éta artikel téh bapana ukur bisa gogodeg. Bapana meredih deui Gan Titi supaya daék dirérémokeun ka lalaki pilihanana. Tapi Gan Titi angger nolak. Malah tuluy mopoyankeun yén manéhna geus tunangan jeung hiji jurnalis ti Semarang, anu taya lian babaturanana sorangan nalika sakola HBS. Puguh baé bapana Gan Titi kacida hanjeluna.

 

Antukna bapana balik bari mawa haté anu sedih. Tina lantaran pikiran, kasakit batuk keringna beuki parna. Tuluy baé ngirim télégram ka Batawi supaya Gan Titi geuwat balik. Teu lila  Gan Titi datang bari dibaturan ku babu Patimah sakulawarga. Jeung bapana téh, Gan Titi masih kaburu panggih. Tuluy baé bapana méré wasiat sangkan nanyakeun hiji rusiah ka Natamanggala, Lurah Cirayati manten. Sanggeus méré wasiat, kereles baé bapana tilar dunya.

 

Peutingna Gan Titi ngumpul jeung Lurah Natamanggala katut kulawarga babu Patimah. Tina carita anu dicocogkeun antara Lurah Natamanggala jeung Patimah, tuluy kanyahoan yén babu Patimah indung teges Gan Titi. Tuluyna pangarang ukur nyaritakeun yén Gan Titi tulus kawin ka jurnalis téa. Duanana aktip nulis dina suratkabat. Kulawarga Lurah Natamanggala gé jeung babu Patimah antukna diurus ku Gan Titi.

 

("Siti Rajati: Ti Noé Powék ka noé Tjaang. Asal Hina Djadi Moélja". Karangan Moh. Sanoési. Bandoéng 1923)

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler