Skip to Content

3 Sajak Sunda INDA NUGRAHA HIDAYAT

KARUMASA

                        : Sungsian…..! *)

Kuring teu keur nyieun pitapak

Satemenna

Ieu kuring

Purnama nu tuna cahaya

Geus ngiwat kalangkang giwangkara

Sangkan peuting teu hideung teuing

Jeung sulintang  boga batur keueung

Jeung walungan teu leungiteun kamalir

Jeung anjeun laksana ngarampa karadak

Hirup kuring.

 

 

SAJAK WADUL

 

Laju wadul

Saban tas ngawadul

Murudul wadul

Tuluy tumuluy

Silih ungkulan wadul jeung wadul

 

Jangji wadul, sumpah wadul, kasaksian wadul

murudul nutupan sajatining wadul

 


NU JARADI KORBAN **)

 

réa nu geus jaradi korban

kasawenangan kakawasaan

teu saeutik nu jaradi korban

katelengesan kasarakahan

 

nu leutik pating jarerit

nu héngkér pating kocéak

leungiteun

leungeun puntangeun

leungiteun

suku tuturkeuneun

 

saha nu baris jadi korban

kaégoisan

kamunapékan

kateudayaan

kateusurtian

kabalangahan

 

saha nu baris mawa korban

Garut, Januari 2011

 


*)

Etchy Susilawati Kasuari, nu tos kersa janten Ambu pun Anak, Maula Chandra AS.

 

**)

Nu Jaradi Korban dijieun lagu tema dina pidangan drama Sunda Nu Jaradi Korban garapan Teater SangSetia SMA Negeri 11 Garut, nu disutradaraan ku pun Inda Nugraha Hidayat

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler