Skip to Content

JALMA LIWAR

Foto Asep Saeful Azhar

Jalma liwar

Lewar-lewér mépéndé angin peuting

Hirup-hurip ngambang kakalayanga;

Teu ngagantung kanu luhuR,

Teu napak kanu handap.

 

Lolongkrang akal kamana-mendi,

Lolongkrang ati mirasa kana pati.

 

Ngajugjug dunya nu eweuh tungtungna,

Hayang nanya ka malati nu teu ereun nyeungitkeun

Moal boa isuk pageto urang misaksi, jadi mayit; ngabangké jalma nu teu purun usik.

 

Ah, moal boa...

Moal boa.

 

Rck, April 2014

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler