Skip to Content

KATINEUNG

Foto teti sunenti

 

Gugupay angin sore ngalambay......
Bakat ku tresna kanu ilang ngumbara......
Kacinta nu dipibanda, taya wara taya sora......
Ilang nyata dina moksa......
Duh kakang nu jaga reksa.....
Katineung abdi jeung katresna....
Hiliwir tiis nyelesep na jero dada...
Nyuringkab beunta narembongan sagala rupa.....
Tatar sunda......tatar katresna...
Tatar kacinta bagja nu dipibanda.....
Kakang nu gagah perwata sukma....
Clik na cimata pinuh kacinta.....
Netes riweuh ilang rupa dina moksana....
Kakang nu dipikacinta.....
Sanubari taya robahna....
Leleus lembut ngagupai boboga rasa....
Harepan jeung cita-cita....
Mugia urang ditepungkeun deui jaga....

 

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler