Sabéngbat
tarékah ngajadi bagéa
ning lenyeup sorot soca
misaksi nunjuk cahya; Matapoé.
paniatan langgeng mapay cukang
pileuleuyan rupa sagala
binékas ngagalur pajaratan
léngkah muncak nu mustari
rumingkang
kuring natrat mibanda
ngawangen
pi anjeun nu lian-lain.
Kota Kembang, 28 Juni 2019
Komentar
Tulis komentar baru