Skip to Content

KUNYAN (1)

Foto Hakimi Sarlan Rasyid

 

 

KUNYAN (1)

 

Puguh ge teu ngarti kumaha mimitina. Teu ngarti kunaon atuh bapa teh mere ngaran Kunyan. Teu kawas batur. Coba geura. Anak Mang Ardi ngaranna Somad, Anak Bi Icah ngaranna Asan, anak Mang Kardi katelah Dulmatin, Anak Mang Arnasam katelah Inggu. Beu na ari meneran sorangan, boga ngaran teh Kunyan. Maaaak, abaaaaah, kunaor atuh ngaran uing Kunyan.

 

Duh, nasib.

Kitu gerentes hate Kunyan lamun keur sorangan. Ngenes. Ngenes sabab di lembur Manaboa, panganjrekan Kunyan kadua Imas anu jadi pamajikan, karasa beurat kacida. Ti mimiti laki rabi nepi kaayeuna, meh 5 taun teu jauh ti koreh-koreh cok. Keur mah eukeur teu boga titinggal kolot, nyoba usaha ngan semplek deui semplek deui. Cek paribasa tani tinggal daki dagang tinggal hutang.

 

Nincak semplak nete semplek. Kadarat kalah malarat, ka cai komo deui. Ngojay kalah ka ngacay hiber kalah ngeleper. Dirarasa beurang kalah beuki hareudang atuh peuting kalah ka beuki tiis. Dagang wuduk ngarumpuyuk, dagang kangkung kalah ka jungkung, dagang bajigur jadi nganggur. Dagang baso tipoporoso, dagang gorengan kalah ka ngadon ragrag di pacilingan. Aduh Gusti abdi ampun teu kiat nandanganana, Kunyan ngahaleuang ngabangbrangkeun hate anu keur peurih,

 

poe ieu rek kamana kang

kamana atuh imas… akang teh bingung

bingung teu manggih tungtung tea nya kang

heueuh susah teu manggih wayah

yeuh ngopi heula ambeh cenghar kana pikiran

ho boga keneh kopi kitu apan sore kamari beak kopi beak gula

enya, ieu mah kopi nyuhdoh

teu ngarti ah .. tapi kajeun ..kadieukeun

 

Kunyan nyuruput. Geus nyuruput kalah ka nyureng.

 

imas geuning kieu rasana .. kopi naon mas ..

kopi tege

ari imas geulis pamajikan akang naon ari tege teh

tinyuh gegedoh akang

duh imas geulis nuhun geulis muhun

 

Kunyan tungkul, Mata ramesbes. Inget kana lalampahan hirup jeung Imas. Ngaran Kunyan di lembur Manaboa sohor pisan. Sohor dina malaratna. Ku malarat-malaratna euweuh mojang anu daek ngadeukeutan. Meh unggan kolot anu boga anak awewe lajang keneh ngomat-ngomat olah daek ka ngaran Kunyan. Moal bisa maraban anak pamajikan. Maraban dirina sorangan oge can tangtu bisa, Kitu cenah.

 

Tapi teu kituan. Umur ampir nincak 30 Kinyan aya anu mileuleuheungkeun. Geus kitu kuduna, Kunyan anu pasrah sumerah ka Gusti Allah dina hiji peuting didatangan ku mang Dulatip. Peuting isukanana Kunyan geus ngadahup ka Imas anak Bi Marsem, tukang karedok. Ari Mang Dulatip mah adina Bi Marsem, ngawakilan minangkana mah.

 

Imas kasebut geus boga umur. Jeung Kunyan mah jigana sabelas duabelas. Saprak jadi salaki Imas Kunyan boga enggon balik. Balikna ka imah Bi Marsem, di tungtung lembur, teu jauh ti kuburan.

 

Peuting harita, mimiti pisan Kunyan cicing di mitoha, Bi Marsem kadua Imas ngarobrol di jero. Tiluan, da mitoha lalaki geus teu aya. Cek Bi Marsem bapana Imas maot di Sumatera, basa diajak gawe diditu ku babaturanana. Harita Imas karak sapuluh tahun.

 

ayeuna imas geus jadi pamajikan maneh kunyan

sumuhun emak

atuh maneh imas kunyan geus jadi salaki maneh

sumuhun emak

sing runtut raut hirup the ulah pasia-sia, ema geus kolot, nyaho isukan nyaho pageto

duh ema kunaon nyarios kitu … matak watir uing mah

teu kituan kunyan umur mah saha nu nyaho

 

Teu lila ngariungna. Bi Marsem ngusap birit asup ka sepen. Kari Kunyan jeung Imas. Ditinggalkeu duaan, mangsa geus maju peuting. Hujan anu tadina ngarikicek ngagedean. Lampu songsong meletet kurang minyak.

 

Kunyan neuteup Imas. Ti neuteup ku juru panon ganti ku melong sabeak mata. Geuning kasambung ku geuning. Pantes atuh ari kieu mah, Kunaon Imas salila ieu euweuh anu naksir. Pantes. Kunyan narimakeun. Rek kumaha deui lamun geus kieu. Rek balik deui hees di gardu unggal peuting. Kajeunlah tibang ceuli.

 

Cek babaturanana lamun keur pada ngaruntah cawokah di gardu lain ceuli anu penting mah. Etana jeung etana. Kunyan bijaksana, Teu nanyakeun jeung moal nanyakeun kunaon ceuli Imas teh ciput. Arek ti kalbu arek ku bisul. Sabodo teuing ah. Nu penting mah eta. Tah eta. Naon Kunyan. Ah, pirakuteu nyaho. Eta taaaah. Etaaaaa.

 

kang, hujan beuki gede bae nya

enya mas

ari akang teu tunduh

encan mas

rek iraha tunduhna hayu urang obo ah

ke mas akang keur ngararasakeun kabagjaan anu kacida pikeun akang mah

kumaha sih kang naon sih imas hayang nyaho

enya mas, akang teh kacida bagjana…akang ayeuna boga imas anu geulis ,, peuting ieu akang henteu sare di gardu deui, duh ,,

 

Lalaki jeung awewe, Duanana geus manggih umur. Duanana kakarek ngalaman diuk paduduan. Bari jeung panganten anyar. Alaaaah, tong dicaritakeun deui. Imas geus nyaho kudu kumaha, Kitu deui Kunyan, Atuh Imas disebut geulis ku anu jadi salaki, leuleus saawak-awak, ngaleketey. Diukna ngangsreg ngadeukeutan. Anu tadina tuur jeung tuur masih aya kana dua jeungkalna ayeuna mah rapet.

 

Kunyan sila Imas emok pahareup-pahareup, paadu teuteup. Hujan di luar ngagebret. Jigana mah lamun umur karek wewelasan, kahayang teh bakal kahalangan ku rasa era parada. Imas jeung Kunyan mah geus liwat umur. Teu era Kunyan nyekel taktak Imas. Atuh Imas teu era nyekel tuur Kunyan.

 

Aya jalan komo meuntas. Mabok manggih gorowong. Keur pateuteup-teuteup kitu teh ana jeleger geledeg tarik pisan. Duanana sarua reuwas. Antukna jadi pakeukeup-keukeup. Gelung Imas leupas. Buukna ngarumbay. Kunyan beuki ngadegdeg. Imas ge jigana mah sarua. Pada malikir rek kumaha ari geus kieu. Aya sora kadenge tina sepen. Bi Marsem can sare. Uhu uhu batuk dua kali.

 

mas, apan sia geus moe samak jeung bantal tadi … keur beurang… hayuh kajarero … eta lampu pareuman weh .. nyaah minyak …

 

Imas jeung Kunyan mimitina mah reuwas. Terus seuri leutik. Curukna nunjuk ka kamar. Imas seuri leutik. Keketeyepan duanana asup ka kamar. Lampu geus dipareuman. Peuting beuki jempling. Hujan beuki gede bae. Geledeg jeleger deui jeleger deui. Angin ngagelebug. Embe Mang Saman ting berele katampiasan. Baseuh. Teu lila hujan raat. Aya anu ngagorowok di luar.

 

Banjiiiiirrr …banjirrr … susukan limpas .. kade … buset….eta kandang embe kabanjiran

 

Imas ngaharewos.

 

banjir kang….. hayu urang ka luar…

enggeus mas

enggeus enggeus naon ah ieu samping katindihan …ah ari akang .. imas rek muka panto arek kaluar

ari tadi pan geus dibuka ku akang

idih ,,,akang mah teu nyambung ah

nya moal bisa disambungkeun atuh imas

 

Imas kaluar. Bi Marsem geus tiheula. Kunyan ka cai kukumbah.

 

Eta Kunyan baheula. Geus loba taun kaliwat. Kunyan ayeuna keur ngahuleng. Lieuk euweuh ragap teu aya. Boro-boro dunya barana. Kopi gula ge teu boga. Basa Bi Marsem aya keneh kahirupan Kunyan teu nemen-nemen teuing pait kawas ayeuna. Hasil Bi Marsem dagang lotek, karedok, jeung gorengan mahi keur tiluan. Kunyan babantu sabisa-bisa,

 

Kunyan kungsi dimodalan ku mitohana, Dagang leuleutikan. Tapi nya ki kitu tea. Kabaca meureun ku Bi Marsem, ieu minantu lamun dihayonan dagang bakal timbul hutang. Dagang dieureunkeun.Kungsi Kunyan ngilu ngasong di beus. Karek saminggu balik digotong ku babaturan, Tisoledat. Untung teu kageleng.

 

Aya lahan kosong sisi ragasi. Cai cur cor keur nyiram. Getol pisan. Teu kudu meuli berak da tatanggana anu miara embe rido pisan tai embena dikeruk. Mimitina melak kangkung. Boro-boro untung. Saminggu deui kana panen kangkungna bararuntung kuhileud nurus tunjung. Ganti melak bayem. Mimitina mah adem ayem. Pas arek panen gagal deui. Daun bayem barolong ku hileud digerenyem.

 

Ganti lalampahan. Pindah kana dagang manuk. Loba manuk piit. Di alaan langsung tina sayangna, Ngider teu aya kacape. Aya sabulan mah. Imas kadua indung kacida atohna. Ku nasib tea meureun. Deudeuh teuing Kunyan. Hiji waktu Kunyan nepi ka lembur. Wanci haneut moyan geus aya hareupeun sakolaan. Nungguan barudak istirahat.

 

Ngarasa mules beuteung Kunyan ngawanikeun ngomong ka tatangga sakolaan. Milu kacai, omongna mah. Ku anu boga imah dihempekkeun bari nunjuk ka tukangeun imah. Kunyan gurunggusuh. Anu dijero beuteung geus karasa seukeut pisan di tungtung bujur. Kusabab panto tukang teu bisa dibuka Kunyan lumpat gura-giru muka calana. Gog nagog. Can ge bener nagog. Ana breg teh ambruk. Sihoreng Kunyan nincak tutup septikteng. Teu kaciri da katutupan ku taneuh. Kunyan ngagorowok menta tulung. Nu ngadenge curinghak, Saha, dimana eta anu ngagorowok teh.

 

Atuh jadi guyur salelembur ear sajajagat. Tukang manuk guyang tai. Anu guyang getih unaman aya keneh anu wani nyanghareupan. Guyang tai mah euweuh. Lapur. Kunyan sabisa-bisa kaluar sorangan. Erana lain era deui. Kunyan mapay jalan satapak ka ragasi. Beberesih. Hadena ngan saukur wates cangkeng.

Sanajan wates cangkeng oge ngaranna tai mah nya tai weh. Ambreng. Anu kabeneran pasilingsingan jalan pada ongkek.

 

Nepi ka imah Kunya ngabetem. Boroning loba, nyarita ge teu bisa. Imas ceurik balilihan bari ngamandian Kunyan. Baju urut tigejebur dipiceun. Disabunan meuni nemen. Mandi teh nepi ka ngahodhod. Peutingna Imas cungas-cingeus.

 

akang hitut nya …

hentueu geulis

geuning aya kenah uabna ..akang hees di luar we ah… peuting ieu mah ulah nya … akang…imas teu kuat.

 

Kunyan kaluar. Rumasa. Ku sorangan mah geus teu kaambeu. Bau napelna leungit sanggeus meunang beja ti Aki Subli. Kunyan mandi make cai apu. Alhamdulillah. Datang ka peuting deui Imas jeung Kunyan teu weleh sono.

 

Kunyan keur ngahuleng jentul. Kopi tinyuh gegedoh kari gegedohna, Di dapur Imas keur nganggeuskeun nyangu. Aya keneh beas dua poeeun deui mah. Kunyan anteng dina bale. Kuntung rokok anu diselapkeun dina bilik dicokot. Bul ngebul. Mawa lamunan. Kunyan teu engeuh Imas kaluar ngala daun sampeu. Tumiseun. Rengse di dapur Imas nyameurkeun anu jadi salaki.

 

ulah ngalamun akang …

hehehe … henteu geulis ,,, akang keur mikiran omongan pak guru iwan

hooo … naon cenah kang

kieu cenah neng

kumaha kumaha

pak guru iwan nyaritakeun kahirupan manehna baheula samemeh ketempo lumayan ku urang ayeuna teu beda jauh jeung urang

terus ,,terus ,,,

sihoreng kahirupan pak iwan teu jauh beda jeung kaayaan urang ayeuna,,singkatna carita pak iwan mere bongbolongan

duh aya ku bageur nya

enya imas manahoreng pak iwan teh nyaah ka urang..karasa meureun nya

enya kang..istrina sok masihan encis ka imas

taaaahh cek pak iwan urang kudu nyareat

nyareat kumaha kang

akang dititah ka lembur cariu… cariu ayana di wancimekar..wancimekar ayana di kotabaru..kotabaru ayana di karawang ..pasna mah di cikampek

terus..

nya kitu weh ..akang kudu kaditu menta nasehat ..menta bongbolongan ..sugan jeung sugan aya robahna hirup urang …

jadi kira-kira kumaha kang

akang arek kaditu… arek manggihan ..arek menta nasehat .. ngan akang kudu ninggalkeun maneh sorangan di imah…wani teu di imah sorangan …

imas mah satuju kang … mangga akang arek nyareat mah ..naon anu alus pikeun kahirupan urang..imas rido .. iklas akang …

sukur atuh ari kitu mah ..ngan kadenya …lamun akang meuting kade….

kade kumaha kang

kade eta tukang es cendol ….akang mah sebel ka manehna .. ari nempo maneh matana molotot teu kira-kira .. hejo kawas cendol keplok …

 

Imas ngagakgak. Seurina jiga anu ngeunah pisan. Ngagaggak bari ngalanggeuak nepi ka udar gelungna. Imas ngarasa bagja ditimburukeun ku anu jadi salaki. Atuh anu jadi salaki timburuna lain titimburuan. Nyaan Kunyan sebel ka tukang cendol. Sanajan keur sare asal ngadenge sora kelenting-kelenting tukang cendol Kunyan ngagorenjal hudang tuluy melong kana pepentung tukangeun panto.

 

Eta tukang cendol sok sura seuri bari jeung teu paduli ka Kunyan anu jadi salaki Imas. Jeung eta deuih, ari nampanan duit ti leungun Imas, tukang cendol sok bari api-api teu nempo. Ngahaja tungkul. Terus leungeunna kurang ajar, nyekel leungeun Imas. Duh, meuni asa hayang mentung. Hayang najong tanggungan cendolna.

 

Tapi aya benerna tukang cendol teh. Anu salah di Imas ngan aya dua. Kahiji cepilna. Ciput sabeulah. Lamun tea teu ciput naon anu euweuh di Imas. Kulit hitam manis (duka naon sundana hitam manis ), buuk panjang, irung mancung, dada, cangkeng jeung imbit ngepas ukuran. Sapopoe dikabaya disamping. Tara make erok. Eta lamun keur leumpang tur sampingna rada nyingsat, bitisna cahayaan ngajorelat. Matak neureuy ciduh. Yi hareup matak ngageureuleu, ti tukang matak hariwang, ti gigir matak poek pikir, Lamun keur leumpang ditempo ti tukang, keplok cendolna matak hareudang bayeungyang. Hayang geura muka kutang.

 

Jigana, ieu mah jigana, tukang cendol lamun keur ngaladangan teu weleh kabayangkeun keplok cendol Imas. Nu jadi sebel pisan ka ngaran Kunyan nyaeta sanajan geus ngomong moal meuli eeeehh angger eureun tangtang tingting matak rusing, hayang nampiling.

 

201902150421 Kotabaru Karawang

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler