Skip to Content

Senen isuk isuk

Foto Haris Solihin

Senen Panonpoé mélétét
ngaguratkeun warna kaemasan
kana tiung bodas nu nikreuh dina
tanjakan. Reg. Dongko, api-api
menerkeun tali sapatuna.
Rénghap. Menerkeun kantong
gandongna nu metet ku buku
jeung saragam bodas biruna.
Nyiapkeun deui tanaga, pedal
ditincak satarikna. Hareupeunana,
aya tilu tanjakan jeung tilu puluh
menitan deui jang nepi ka
sakolana. Senén. Patlas taun
katukang ti harita. Panonpoé keur
niiskeun manéh basa sora orok
awéwé ngéar minuhan rohang
segi opat. Indungna nu kapaksa
ngadzanan eungeuriheun dina
cepil orok beureum lir nu
ngajarkeun katawakelan dina
katunggaraan kahirupan nu bakal
ngadatangan. Senén. Dua puluh
hiji taun, manéhna. Panonpoé
nulak cangkéng nyumangetan
geuleuyeung sapédah
ngaboncéng indungna lir sumirat
béntang nu ragrag dina langit
peuting. Serebet. Mobil nyalip.
Jedak. Sapédah mental
sababaraha kilométer ngudag
mobil nu lumpat teu kaudag.
Sapédah teu mangrupa. Manéhna
géngsor nyényéréd kabaya jeung
baju toga nu baloboran
ngadeukeutan indungna.
Haréwosna ngageter
nganteurkeun rénghap
panungtung indungna dina
tangkeupan. Manéhna, Senén.
Dirungkup layung.

Komentar

Foto BanayBanie

Sulit..entahlah.. berpindah

Sulit..entahlah..
berpindah kunci nada nya sedikit meninggi, dawai gitar terdengar sumbang, suara parau tak mampu mengejar.

Coba perhatikan, berdiri diantara jurang keterpurukan. Sedang berteriak tak ada gunanya, takkan ada yang mendengar..hanya gema dengan suara serupa yang akan menjawab dari kejauhan.

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler