Skip to Content

WA ASYKU MUNU'UUNA

Foto Hakimi Sarlan Rasyid

Taun 70an loba pisan guru anyar ti Jawa Tengah anu ditugaskeun di Jawa Barat. Carita ngeunaan guru-guru anyar teh rupa-rupa. Aya anu can ge saminggu geus meunang jodo, tangtuna nu gancang manggih jodo nya teu aya deui iwal ti guru awewe. Ari guru lalaki tamat SPG langsung meunang tugas. Ari datangna ka Jawa Barat sok sarombongan-sarombongan. Kadang aya sapuluhna sarombongan teh.

Harita di Jawa Barat kurang guru loba pisan. Tah ka Kacamatan Cikampek oge aya nu datang.

Kepala Sekolah nu harita meneran aya di kantor dinas ngilu sibuk. Sibukna sibuk narik.

Aya nu hiji, aya nu dua. Ari guru anyar tea sabab teu nyaho kaler kidul nya nurut we. Tugas di Citarik dibawa ka Dawuan, anu tugas di Dawuan dibawa ka Kamojing, pahibut.

Teu sirikna didiukkeun dina motor terus motor ngadius. Pengadministrasian mah kumaha engke. Nu penting kurang guru di sakola kudu kacumponan. Naon sababna jadi kitu. Sabab sieun teu kabagian. Lamun teu kitu moal kabagian.

Lain di SD wungkul guru anyar teh. Di SMP oge aya. Anu rek didongengkeun nyaeta pangalaman Bapak T ti Jogja. Harita dina SK mancen tugas di salah sahiji SMP di Cikampek. Pas pisan kuring keur aya di dinya.

Bapak T teu aya nu narik sabab tugasna di SMP tea. Euweuh nu daek nganteur. Sabab geus rada burit. Bapak T ku kuring dijajapkeun ka sakola wae, da aya Penjaga Sakola nu matuh di dinya.

Isukanana pan bisa madep ka Bapak Kepala SMP. Gancang carita beres tah urusan Bapak T. Jadi nyobat ka kuring. Majar maneh asa dibelaan. Deuh pilakadar nganteur sakitu meni kudu dijadikeun budi. Kitu tah hadena Jawa.

Heuleut saminggu Bapak T ulin ka imah kuring. Manehna sasadu ngarasa era ka Ibu AM.

“Kenapa kok malu segala. Ada apa dengan Ibu AM?” cek kuring.

“Itu lho, gara-gara Bapak S, itu yang orangnya tinggi kurus itu.” manehna nembalan.

“Ya, saya kenal Bapak itu. Kenapa Bapak S?”

“Dia nyuruh saya bilang ke Ibu AM ucapan selamat pagi pake bahasa sunda.”

“Nah, lalu…” kuring panasaran.

“Ya saya besoknya bilang ke Ibu AM.”

“Pak T ngomongnya bagaimana?”

“Ibu golis waasku menu una”

“O, bukan begitu, begini yang betul “bu geulis, waas ku munu’una.”

“Ya, betul begitu, Bu AM malah cemberut. Saya jadi ingin tanya, itu tadi apa artinya?”

“Apa ya terjemahannya dalam bahasa Indonesia, ntar…waas ku munu’uuna”…ya gini aja dah, kapan-kapan, nanti tanya langsung ke Bu AM aja, kedengarannya itu seperti bahasa arab,

Ibu AM kan guru agama, dia pandai bahasa Arab, saya nggak bisa” cek kuring basilat, da euweuh Indonesiana nu kitu mah.

Eta Bapak S mani tega. Tapi tegana Bapak S mawa berekah ka Pak T. Tilu bulan ti harita Pak T jeung Bu AM ngajodo. Jigana mah Bu AM hayang nembrehkeun sajelas-jelasna naon maksudna “munu’u” nu matak was, sakalian lebah-lebah abu munu u na.

 

200902031222_Kotabaru_Karawang

 

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler