Skip to Content

Hilir Hirup

Foto Wahyuni Putri

 

Sagara awaking karuhun
Medal ucap kahiyang jembar na
Pitulung silih rentengan panudingan
Nu nincak jarami jadi nyiru pangasihan

Lain harita lain kiwari
Minangka jalma jadi tunggang panyawangan
Nu melit tali asih
Nu medar lepas pangwangenan

Sing tarapti ngaja konci
Sangkan gembok bisa jadi tembok,
ngarah mageran nu jadi pangasihan hijrah diri...

Ulah saukur lawon
Kudu na manggung jadi lakon
Nu loba jingkrak di Paguron
Metakeun maneh " Aing Satria Kliwon! "
Dikeprokan make pupujian
Disorakan ku adan pamuntangan
Lir ibarat nyawa tarung jeung weton

Hirup ulah loba mibanda
Ibadah ge acan laksana
Silih sorang hayang jadi jawara surga
Saban poe minangka loba pahala
Meh watra dihareupeun nu Kawasa... 


https://www.wattpad`com/story/183916918?

www.wattpad.com

Nama Akun : @yoon11

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler