KAMPUNG PRAMUKA PASIRJEUNGJING
Ku : Rahmat Asgar
(katineung ka lembur nyingkur)
Lemah subur nu endah
Kampung nyari tur asri
Rahayatna someah hade ka semah
Rempug jukung nu pengkuh
Tata tengtrem raharja
Pasirjeungjing kiwari nyanding wawangi
Tri satya....Dasa darma
Nu jadi siloka tandang makalangan
Di tatar sukapura
Kakoncara mashur ka mana-mana
Lembur sadulur nu bihari nyingkur
Tandang pertentang teu weleh jadi catur
Lemah nu endah pusaka pilih tanding
Kampung pramuka nelahna pasirjeungjing
Tasikmalaya, Medio Oktober 2020
Komentar
Tulis komentar baru