kiwari di taun ayeuna
lembur kuring ruksak
karuksak
jeung diruksak
ceuk Aki kuring harita nyarita
"cu, naon deui anu diandelkeun dina tatanén?"
kuring simpé
pereus haté pereus pikir
pabrik-pabrik geus jadi jurig geledegan
ngabukbak pakaya alam jeung manusana
"limbah" nepi iraha anggeusna
ngaracun saubun-ubun
museur napak tilas
lembur kuring
lembur panineungan
Rancaékék
Komentar
Tulis komentar baru