Skip to Content

Daluang

Foto ferdina

Pieunteungeun

ku : Ferdina.H

 

Manusa mangrupa salah sahiji mahluk nu sampurna tibatan mahluk lianna nu di ciptakeun ku Allah Swt, sabab manusa dipaparin akal jeung pikiran pikeun ngalakonkeun lampahna di dunya jeung aherat.. Kiwari dina kamajuan téhnologi jeung modérnisasi manusa di fasilitasi ku téhnologi anu bisa nyumponan kabutuhanna sacara praktis jeung teu merlukeun proses nu lila. Contona waé dina aspék komunikasi, manusa bisa siaturahmi ka manusa lianna ku ngaliwatan alat komunikasi anu ayeuna tos pada canggih nu bisa nghubungkeun manusa, nu jauh tempatna di beulahan bumi séjén ngaliwatan internét. Tangtuna éta kamajuan téhnologi aya kahonjoyan jeung kahéngkéranna, dina kahonjoyanna salah sahijina ku internet manusa bisa meunangkeun informasi sacara langsung, instan, jeung teu merlukeun proses nu lila. Sedengkeun kahéngkéranna manusa téh di manjakeun ku kamajauan téhnologi ayeuna, sakumna manusa dina nyumponan kabutuhanna di sakabeh aspék kahirupan  sacara babari jeung instan sarta dina kamajuan téhnologi ogé manusa téh meunangkeun hal nu positif jeung négatif. Ieu téh salah sahiji faktor nu nyieun ngedulna manusa indonesia utamina mun geus kacanduan ku téhnologi jeung mohokeun hal-hal atawa paripolah anu biasa di lakukeun saacanna atawa kabiasaan anu biasa dilakukeun saacan ayana téhnologi.

Gancangna kamajuan téhnologi téh teu dibarengan ku filteralisasi heula  atawa teu disaring heula ku pamikiran-pamikiran kahareupna yén téhnologi ieu téh mawa kana kahadéan atawa henteu. Sakumna manusa nu di manjakeun ku tehnologi akibatna éta manusa teh leungiteun kana proses mikir jeung proses ihtiar pikeun ngudag pangabutuhna. Conotna waé Raka salah sahiji siswa SMP nu  geus kabawa ku kamajuan tehnologi manéhna lamun aya pancén sakola mah teu kudu cacapean neangan buku keur ngajawab éta pancén sakola tinggal muka hp nu koneksi ka internet tuluy néang éta jawaban, éta conto leutikna dina kahirupan budak sakola nu kuduna daria jeung suhud dina ngerjakeun pancén sakola “teu kudu mikir jeung teu kudu macaan buku nu loba lamun aya pancén téh hehe” pok manéhna nyalsé sabari seseurian. Padahal mah budak sakola saumuranna keur meumeujeuhna kudu resep ngalaman proses mikir jeung proses maca pikeun kahareupna nyanghareupan pangajaran di sakola. Ieu téh salah sahiji bukti kahéngkéran téhnologi nu nyieun manusa ngedul jeung males mikir. Wajar lamun indonesia sok katinggaleun waé ku bangsa séjénna da manusa na ogé ngedul, padahal mah manusa indonesia téh bisa ngeunteung ka bangsa jepang nu ayeuna geus maju padahal boga masa lalu nu silam ku kajadian bom hiroshima jeung nagasaki nu di bom ku sekutu téa, ti saprak harita bangsa jepang ngabangun kahirupanna deui dibarengan ku prosés mikir jeung maca sarta disiplin ayeuna kabuktianna indonesia katinggaleun jauh ti bangsa jepang sabab budaya literasi manusa indonesia masih kurang pisan tibatan bangsa séjénna. Jauh teuing mun ka bangsa jepang ogé tapi éta nagara sagigireun indonesia mah saléngkah leuwih maju tibatan indonesia, baheula mah bangsa malaysia néang elmu teh ka indonesia naha ari ayeuna jadi bangsa indonesia nu néang eélmu di malaysia, ieu nu kudu dipikiran ku urang naha bisa kitu.

Tadi mangrupa salah sahiji hal nu kudu jadi pamikiran bangsa indonesia dina ngamajukuen dirina supaya teu katinggaleun teuing ku bangsa séjénna, ulah jauh waé heula indonesia ulah katinggaleun ku bangsa di sagigireunna. Aya sababaraha hal nu kudu dititénan ku urang utamina urang salaku bangsa indonesia hususna urang salaku Urang Sunda anu miboga filosofis-filosofis karuhun jeung budaya sunda nu kudu urang larapkeun terus dina kahirupan keur kahadéan kahareupna.

Kahiji, Luang tina daruang maksudna didieu luang téh bisa di téangan ku daruang ari luang téh mangrupa pangaweruh atawa pangalaman, ari daruang sacara umum hartina kertas atawa kardus. Tapi daruang didieu téh lain kertas tapi buku atawa kitab, jadi intina mah maksud dina ieu filosofis téh nya éta manusa téh sing lekeun dina daruang hartina sing rajin oge maca buku maca kitab Alqur’an nu jadi pedoman hirup urang sunda nu identik salaku umat islam. Sabab ku maca urang bisa meunangkeun pangaweruh jeung  urang bisa parigel sabab maca téh mangrupa salah sahiji kaparigelan basa.

Kadua, Luang ti papada urang maksudna manusa bisa meunangkeun pangaweruh jeung pangalaman ti manusa séjénna, hartina urang salaku manusa téh teu bisa hirup sorangan sadihenteunna urang butuh ka manusa séjénna sabab manusa téh mahluk homo socius nu merlukeun batur dina kahirupanna jeung kudu sauyunan.

Katilu, Luang tina burang maksudna manusa bisa meunangkeun pangaweruh jeung pangalaman tina hal anu nyieun picilakaeun, hartina urang kudu bisa ngeunteung kana kajadian atawa hal anu matak picilakaeun.

Kaopat, Luang tina baruang maksudna manusa bisa meunangkeun pangaweruh jeung pangalaman tina hal anu nganyerikeun sangkan manusa bisa ngeunteung ogé kahareupna.

Kalima, Luang tina bincurang maksudna manusa bisa meunangkeun pangaweruh ti bincurang ari bincurang teh tulang kering urang dina hartian urang kudu ajeg, kudu panceg dina galur.

Dina éta lima filosofis urang sunda téh urang bisa ngeunteung, mikir pikeun kamajuan urang salaku bangsa indonesia anu ayeuna keur goyah dimamana. Mulai ti diri urang heula waé titénan jeung lampahan lima filosofis sunda tadi sangkan aya kamajuan keur kahareupna sabab dina Alqur’an ogé sakabéh eusi kandunganna narékahan sangkan manusa téh mikir. Wahyu nu kahiji ogé pan hartina maca. Dina kecap maca ogé urang téh hartina kudu maca diri, maca alam jeung maca kahirupan. Jeung cindekna kamajuan hiji bangsa aya di leungeun manusana gumantung ka manusana, manusa kudu mikir jeung ngeunteung kahirupan keur kahadéan kahareupna.

 

 Bandung, 6 juni 2015

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler