Skip to Content

dongeng di lembur

Foto firman sidik

       Pancen  filsapat

Dongeng di wewengkon cibeureum

Bogor

 

KI LINAN KIMINAN

SIGORA

 

 

 

 

 

 

                                                           Diajeungkeun ka Dosen Filsafat Pendidikan,

DISUSUN KU

Firman sidik

1305257

Kelas ic 

 

 

Dongeng di Wewengkon  Cibeureum Bogor.

     Baheula sakitar taun 1950- 1975an jaman abah Anam jeung bah Ali (uyut). Aya  dongeng (carita sejarah) dua  lalaki, dua lalaki eta ngalakonan kahirupan  sesuai  jeung  jamanna masing – masing. Ieu dongeng teh turun tumurun ti jaman bah Ali, bah Anam, Bapa ,terus ka Kuring.

      Sakitar  taun 1950 lewat,  aya dua tokoh ngaranna ki Linan jeung Kiminan, ieu kiLinan jeung ki Minan teh duaannana tos aki- aki , cek Abah anu harita keur leutik keneh, tinyaho dimana datangna, eta Kiminan jeung Kilinan teh geus aya di lembur Cibeureum, jeung cenah  eta kiLinan jeung kiMinan teh anak jeung bapa, nang  teunyaho da can aya nu bisa ngabuktikan yen eta kiLinan jeung kiMinan teh anak jeung bapa, da duanana ge tos kolot  baheula cek Abah. kilinan jeung kiminan miboga sifat welas asih , hususna ka masyarakat cibeureum, sok tutulung, khususna dina ngubaran, jeung mere wejangan – wejangan anu nyalametkeun kahirupan.

      Unikna, kilinan jeung kiminan ieu teh ka golong jalma sakti, maranehna boga tutunggangan  mangrupa meong anu sok nganteurkeun ka tempat mana anu ditujunna.  Salian tieta, sok ngabejaan mun memeh aya hujan gede, angin gede jeung rupa – rupa aktifitas alam anu bakal nyilakakeun, cenah sok mentaan beas sarau atawa sapiring leutik jeung  salametan di laut kidul.

      Katelah  saktina ieu oge dibuktikeun mun leuleumpangan teh ukur peureum, pek nepi katujuannana jeung tutungganganana.  Kungsi abah anam keur ngariung jeung kolot- kolot didaerah cibeureum nyaksian, kersedekahan “ coba menta lauk ker  tutunggangan abah hayangeun” , cek kilinan teh,. saencan dibere, tembal bah anam, “ mana bah coba anu hayang ningal bah”  ditempokeun sing horeng ngadangong gede eta meong.....                                                                                                  

      Mayarakat lenbur cibeureum kacida bungaheunnana jeung ngarasa ka bantu, ku ayana kiMinan jeung kiLinan.

Salian tieta dua lalaki saterasna nyaeta  sigora,

       mun tadimah disebutkeun kilinan bapa jeung anak,  sigora mah aka jeung adi, sigora di caritakeun miboga sifat cicingan, tara daek ngalawan, jeung tara loba omong, manehna imahna ge gubuk, dahar tina ladang  gawe ka warga anu nitah kamanehna, naonweh digawe, manggul suluh, jeung sajabana pagawean disawah jeung dilembur.

      dihiji wanci dicaritakeun sigora teh ausen ditengah sawah , bakating  ku aus lajeung si gora teh naek kana tangkal kalapa, da ku aus manehna teu nyaho eta tangkal kalapa teh tangkal kalapa saha, encan kungsi jret turun, aya nyorowokkan, “  gora turun sia gorraaa!!!!” sing horeng eta bah saban anu boga tangkal kalapana, bari nyonyoren eta bedog, ngadat kulantaran bah Sabanmah gede adat. Henteu parah deui bakating ku reuwas  sigora turun, nang hanjakal pas turun  sleubet bedog kana sukuna sukuna ngampleh , leumpang bari ingkud –  ingkudan  , lajeung sigora lalaunan ka cai, ajaibna sukuna diasupkeun kena eta liang cai, sukuna anu tadina ngampleh hampir pegat lajeung rapeut deui.

Pilihan tampilan komentar

Pilih cara kesukaan Anda untuk menampilkan komentar dan klik "Simpan pengaturan" untuk mengaktifkan perubahan.
Foto firman sidik

carita kolot

belajar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler