Skip to Content

Kokolot

Foto Rachmat Sudjana

Kokolot

Dedeganana gagah, leumpangna dangah, masih bisa momotoran jeung nyupiran dina umurna anu geus nincak salapan puluh taun. Teu kitu kumaha da ki Kolot teh pangsiunan soldadu di nagara ieu. Olah ragana teu kungsi eureun ti ngongora nepi ka ayeuna, utamana silat jeung maen bal. Dua kaahlian ieu anu mawa ki Kolot kana nasib anu hade sapanjang hirupna; malah dina mangsana umur anu geus cueut ka hareup ki Kolot ngalaman bagja jeung beunghar pakokolot; beda jeung nu sejena anu rereana mah kokoro pakokolot.

Keur ki Kolot mah bener bener pangabisa bela diri jeung maen bal teh geus jadi modal utama hirup. Keur ngorana sering di bon kaditu kadieu, milu pertandingan ditingkat provinsi. Malah meunang gawena oge teu perlu make ijazah cukup ku ngulinkeun bal di lapangan. Harita di salah sahiji Angkatan aya panarimaan anggota anyar; tadina ki Kolot teu aya niat hayang jadi anggota TNI; tapi salah saurang batur maen bal na anu geus ngabogaan pangkat kapten, ngadaftarkeun ki Kolot, sarta ti harita geus mimiti make saragem Bintara.

Ki Kolot keur budak na mah kacida nalaktakna, badeur tea meureun, tapi pinter; malah hiji mangsa aya dulurna ti dayeuh anu nitipkeun mobil di buruan, da nu bogana aya tugas ka luar daerah. Konci mobilna pastina dibawa ku nu bogana. Tapi ki Kolot mah anu harita umuran budak SD bisa ngajalankeun mobil eta; keur mah da awakna  bongsor, jadi nyekel setir, nincak kupling, erem jeung gas geus nepi  teu kudu diganjelan ku anggel. Ku naon tah ngahirupkeun mesina; nyieun konci sorangan, lain tina beusi atawa aluminium, tapi ngikir sorangan tina bahana gagang sikat gigi; dikikir kalawan taliti jeung ati-ati, nepi ka asup pas kana liang konci. Bulak baik, dikikir, dicabut, diputer, akhirna greng mesin mobil hurung. Geuleuyeung mobil maju kawetankeun, barudak pada marilu, ma’lum jaman harita mah pan numpak mobil teh arang pisan ari lain rek nyanyabaan ka kota mah.

Bejana ki Kolot keur budakna badeur pisan; indungna anu ngurus ki Kolot nu yatim mindeng ceurik balilihan mireungeuh kalakuan ki Kolot saperti kitu. “Ari pinter na mah pinter putra Euceu teh”, ceuk bu Guru anu ngajar di kelas ki Kolot, “Tapi nyaeta badeurna kacida, lamun aya murid sejen anu ceurik di Sakola, putra Euceu aya didinya, pasti ceurikna teh alatan manehna”, cenah.

Lamun isuk isuk dianteurkeun Sakola ku indungna; nu nganteur na mah kakara datang ka imah, ki Kolot geus aya luhureun tangkal bari ngeundeuk-ngeundeuk dahan. Atuh gerewek indukna ngagerewek bari kokosodan dina taneuh: ”Sia teh mani badeur-badeur teuing, rek jadi naon engke lamun embung Sakola, rek jeneng tanpa sakola jeung beunghar pakokolot?”. Rupana ieu do’a ti hiji indung anu diijabah, sanajan bari dina kayaan keuheul jeung cape, do’ana dicatet ku malaikat jeung diijabah ku Allah.

Buktina ki Kolot mah jadi tangtara teu make ijazah, karierna nerekel kalawan wajar, ku kabisana dina nyekel gawe, diajar sorangan bari digawe nepi ka jadi salah sahiji ahli dina mareuman seuneu anu ngagedur dina mesin kapal udara, anu mesina make kolecer lain model jet.  Salian ti ngaramu bahana, ngasupkeun kana tabungna sarta cara makena ki Kolot mah kapake pisan ku Kesatuana teh.

Kungsi sakali mangsa, ki Kolot kabaud ku baturna anu ngalanggar disiplin militer, nepika kudu ngalaman di sidang dina mahkamah Militer. Ku legana hubungan ki Kolot, manehna wawuh pisan ka Oditur jeung Hakim Militerna, da kungsi maen bal bareng di lapangan kira kira sapuluh taun sa acan kajadian. “Aeh geuning kamu Lot, kunaon maneh teh make mimilu kanu kitu, jadi wae kababawa”, ceuk pa Hakim samemeh asup ka ruang Sidang, sarta ngahaja nyampeurkeun ki Kolot di tempatna.  Sigana pa Hakim geus nyahoeun saha anu di Sidang poe eta, nyaeta ki Kolot, galandang tengah anu sarwa bisa ngulinkeun bola.

Singket carita sidang berjalan dengan lancar, pa Hakim ketok palu, ki Kolot kudu dihukum kurungan salila saminggu. “Bae ceuk pamikir ki Kolot, uing mah moal leuwih ti sapoe sare di sel teh”. Eh bener kajadian, poe kadua aya kahuruan di Asrama tukangeun sel, atuh suasana jadi riweuh, anu diluar pahibut mareuman seuneu. Singket carita, pas dipariksa, APAR na geus loga nu kadaluwarsa; ki Kolot anu memang ahli mareuman seuneu, ngacung- “Ieu APAR kudu diservis jeung diganti eusina ku nu anyar” ceuk ki Kolot. “Pek atuh pigawe ku kamu Lot, supaya bisa jadi aralus deui APAR na”, ceuk Komandan Piket. ”Teu tiasa dipidamel didieu ieu mah Ndan, kedah di bengkel, sadinten maksimum mung tiasa 5 APAR”. “Enya jung bawa wae atuh kabeh kumaneh kabengkel, aya 30 APAR tah kabehna dina catetana mah”, ceuk ki Komandan. Ki Komandan teh da memang atuh muridna dina penca silat, jauh welasan taun sa acan kajadian ieu.

Ki Kolot ngabuktikeun omongana anu ngan sapeuting dina sel na. Pas APAR na beres kabeh, hukuman anu saminggu oge lekasan. Lega pisan relasina ki Kolot mah, jig kaditu jig kadieu pasti wae aya nu mikolot ku kaahliana lain wae dina widang olah raga saperti silat jeung bola; oge ku kaahliana dina widang tehnik. “Kuring mah pan ti leuleutik resep kana tehnik” ceuk ki Kolot anu elmuna leuwih loba kujalan auto didak tea mun ayeuna mah meureun. Loba diajar tina pangalamana sorangan, katambah boga akses ka bengkel anu istimewa, kabeh tehnisi nu aya didinya hormat pisan ka ki Kolot mah.

Ayeuna mangsana geus kolot, kari nutur nutur si bungsu wae anu cekel gawe di Pamarentahan, anu tugasna pindah pindah ti kota nu ieu ka kota sejena di sakuliah pulo Jawa jeung Bali minangka luar Jawa na teh. Rereana di Ibu Kota Provinsi, meunang fasilitas imah anu lengkep eusina katut satpam jeung pagawe anu ngurus imah na; kandaraan lengkep jeung supirna. Estu dahar kari am tea ieu mah, teu hese ikhtiar deui da sagalan geus disadiakeun.

Loba diantara urang anu keur ngorana jeneng tapi jadi kokoro pakokolot, “post power syndrome” lah sagala rupa. Tapi ki Kolot anu badeur anu dido’akeun ku indungna dina mangsa manehna budak keneh, diijabah ku Pangeran, jeneng tanpa sakola luhur, bari beunghar pakokolot. Do’a indung memang makbul.

Cag heula.

Islamik, Dhuha, 17 Mei, 2024

 

Rachmat Sudjana

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler