Balesan surat ti lembur.
Ayah nu dipisono, asa reuwas narima surat ti ayah, sok sieun eusina pi hariwangeun pan bieu oge bunda nganteurkeun ayah ka stasion anu biasana, ayah teu nyarios nanaon, bunda perlu ngaregepkeun heula eusi surat ti ayah, kakara bunda nyieun balesana. Enya ayah, sanajan ngan ukur roda dua, motor gede pisan mangfaatna keur urang duaan, bunda bisa nganteurkeun ayah kamana wae ayah aya kaperluana. Asal ayahna kuat dibonceng teu cangkeul. Panyarandean leutik ngahaja dipasang ngarah ayah ngarasa aman lamun di bonceng, henteu sieun nyorosod ka tukang.
Asana mah bunda baheula kungsi boga pikiran lamun boga salaki teh teu kudu unggal waktu aya di lembur, da pan kudu ka kota geusan neangan pakasaban, da di lembur mah teu rea lahan siga di kota, meureun kawatesan ku tani atawa dagang; salian ti eta mah kudu saba kota. Geuningan gerentes hate teh ayeuna jadi kanyataan, alhamdulillah Allah tos ngatur kana jadwal ayah mulang ka lembur jeung sabaraha lila ayah dikota. Nitenan ka tatangga anu salakina padagang keliling antar pulo, balikna ngan ukur tilu bulan sakali; kitu oge teu lila ngan kurang leuwih dua minggu ayana di lembur teh. Maranehna silih percaya, sigana rurmah tanggana ayem tengtrem wae tara aya pacogregan
Teu nanaon jadwal ayah leuwih lila di kota manan di lembur, bunda mah ngarti da pan ayah loba kasibukan anu pelu waktu leuwih lila di kota, sing jongjon wae ayah ngajalankeun sunatullah jeung qadarullahna; insyaa Alloh bunda mah tetep teger kalawan percaya saratus persen ka ayah, moal kagoda ku pangjurung nafsu atawa pangajak jeung panggoda setan, salilalana urang ngarasa aya nu ngawaskeun nyaeta Allah anu Maha Uninga. Bunda oge da ngarasa di ditu tanah ratu di dieu tanah raja, jadi moal aya ngarasula, tetep sabar ngadagoan ayah datang lamun geus cunduk waktuna.
Nyaahna bunda ka ayah teh asa leuwih ti sakadar nyaahna pamajikan ka salaki, salian ti nyaah ka nu jadi salaki oge, bunda mah ngarasa ayah teh gaganti bapa bunda, anu geus teu aya dikieuna ti saprak bunda rumaja keneh; ayana ayah teh bunda mah ngarasa bapa bunda asa aya deui dina kahirupan bunda. Lamun bunda ngaitkeun kakait dina helm ayah, rarasaan teh asa ngaitkeun helm ka bapa bunda; anu henteu kaburu nyaksian bunda ngalaman hirup rumah tangga.
Enya da bunda oge teu tega atuh, ayah sina nyupiran wae sorangan, da pan bunda oge kungsi ngabogaan kandaraan roda opat, jadi nyupiran mah geus lain pagawean anyar keur bunda mah, malah mun bunda disupiran ku ayah mah, rarasaan ieu suku katuhu sok neken kana mobil siga hayang ngalelepkeun gas da asa ngarayap pisan, padahal di hareup jalana pan lowong.
Geus nincak taun ka genep, teu karasa pisan nyerelekna waktu, bulan ganti bulan, nepi ka taun ganti taun, umur beuki ngolotan, angkana nambah ari jatahna pasti ngurangan. Sugan atuh urang bisa silih simbeuh ku kanyaah, beuki kolot teh beuki silih pika sono. Tangtu pisan bunda mah da nuturkeun ka ayah anu jadi Imam dina rumah tangga urang. Kadang memang bunda oge ngarasa sok rada bedegong, tapi sigana ayah nyanghareupana kalawan pinuh ku kasabaran, sabarna salaki anu geus asak pangalaman hirupna. Pan ceuk paribasa Jawa oge, pamajikan mah: “Sowarga nunut, Naraka katut”. Jadi mun salaki asup Syurga, pamajikan bisa milu, kitu deui mun asup Naraka, pasti kababawa. Mangsana di Akherat jaga, kahayang mah tetep kumpul di Syurgana Allah. Aamiin yaa Allah yaa Robbal’alaamiin.
Pangresepna lamun ayah aya tugas kaluar kota, pasti bunda dibawa jadi asisten pendamping, malah bunda sok milu karuangan tempat ayah jadi Pembicara dina Seminar bareng jeung staff anu ditugaskeun ku Perusahaan. Minimal bunda bisa jadi juru kamera, bagean foto jeung video. Atuh sagala kaperluan ayah dina Seminar eta bunda anu nyayagigeun, ayah mah tinggal “berbicara saja”. Saberesna Seminar pan urang bisa jalan-jalan, nyaba ka tempat anu can kungsi kadinya bari tadabur alam.
Sakitu heula nya ayah, balesan surat ti lembur. Mudah-mudahan urang sarera sing salawasna aya dina pangaping jeung pangjaring Allah SWT. Aamiin yaa Allah.
Islamik, Ba’da Ashar, 14 Mei,2024.
Rachmat Sudjana.
Komentar
Tulis komentar baru