Skip to Content

KAGUNGAN BAH HAJI

Foto Hakimi Sarlan Rasyid

Bibit unggul, pupuk numpuk, ragasi cur cor lancar, hama langka. Pikeun patani mah kaayaan kieu teh matak bagja pisan. Naon deui atuh. Geus kabayangkeun lima atawa genep ton sahektar. Moal kurang. Malah aya nu wani naksir tujuh atawa dalapan ton. Geus jaman. Panen ayeuna mah sakumaha anu geus aya kasebut dina uga. Pare teu nepi ka leuit. Barina ge leuitna duka di mana. Leuit tinggal basa jeung carita. Balandongan anu baheula sok dipake numpuk pare ayeuna mah geus ganti jadi garasi. Ganti jadi kandang mobil atawa motor. Pare dijual di sawah keneh.

Pisaminggueun deui panen tukang meulian pare geus jul jol. Pinter pisan ngeleketek patani. Pikeun nu boga sawah ti batan ngurus panen mending jual ayeuna. Hese ngurus jelema nu dibaruat. Geus teu boga kaera. Sangeunahna mawa balik. Deuh makmur keneh jual di sawah. Senang hate. Teu lieur mikiran unak-anik panen. Makmur di desa the ayeuna mah.


Jalan desa teu pinuh ku tai kebo deui da kebona geus ganti ku kubota. Nu lalar liwat ge ayeuna mah lain sapedah. Aya ge sapedah eta mah sapedah leutik anu incu. Mobil nu lalar liwat mobil nu anak. Anak-anak jeung incu-incu geus teu wawuh kana aturan sawah. Da sakolana geus teu di desa jiga baheula. Wah, pokona kaayaan geus bener asup kana jaman pasar jumanjang.


Di lembur eta nu boga sawah panglegana teu aya dua. Ngan hiji. Jeung hiji-hijina. Ti baheula nepi ka ayeuna. Enya, ti “babah heula” nepi ka “nyonya” ayeuna” cek heureuyna. Rek saha nu ngalawan Haji Enoh. Ratusan hektar. Upluk-aplak satungtung deuleu. Ti Aki Dulacis, akina Haji Enoh, geus ampir saratus hektar, turun ka Haji Nurudin, bapana Haji Enoh. Ti batan kajual mah kalah nambahan. Da kitu amanat ti karuhun. Satungtung langit di luhur keneh mah pantang ngajual sawah. Unggal panen kudu nambahan.

Sawah gigireun, dikenca katuhu, sanajan mahal beuli. Kurihit ambeh kabeuli. Carana kumaha bae. Lamun perlu nu bogana kawinkeun ka anak atawa incu ambeh eutik-eutik sawah kapimilik. Ku sabab kitu nepi ka Haji Enoh teh geus ampir duaratus hektar.


Aya hiji anak Haji Enoh nu ngawaris bakat karuhun. Haji Saren. Tadina mah Haji Enoh rada bingung ngurus banda teh. Da ku loba teuing tea. Ayeuna mah henteu. Geus lima tahun ieu urusan sawah dicekel ku Haji Saren. Haji Enoh tinggal diuk di teras. Lamun usum panen tinggal nunggu laporan aya sabaraha ratus juta duit di bank.

Haji Enoh teu bodo. Sanajan ngan sakola desa kana ngalikeun mah pinter pisan. Sakapeung Haji Enoh anu nangtukeun jual ayeuna atawa engke. Teu kudu hese ka sawah dan sabab Haji Enoh ngilu jaman. Jaman hape. Geus jaman mobil. Haji Enoh boga mobil sabelas. Teu kapalang. Haji Saren anu jadi anak tur nu jadi leungeun katuhu ngarti kumaha ngigelan nu jadi bapa. Hayang naon bapak, asal kaduitan, layanan. Teu kapalang.

Basa nyunatan incu ti anak awewena Haji Enoh nitah anak-anakna supaya bisa nanggap Ona Kirana biduan anu disebut raja dangdut tea. Atuh para petugas desa, pamongpraja, ngilu sibuk. Pengawalan, pengamanan. Pokona mah rame sajajagat. Kabeh diatur. Ku duit loba mah kabeh bisa.


Tapi ngaran jelema sanajan geus ke Mekkah tujuh kali oge Haji Enoh tetep can sugema. Aya keneh kahayanga na nu can kacumponan. Geus sababaraha kali ngayakeun riungan jeung Haji Saren tapi can putus. Ari cek Haji Enoh teu pira. Moal meakkeun ratus-ratus juta. Barina ge duit Bah Haji. Ari cek Haji Saren lain ku masalah duit. Ban dua mah beda jeung ban opat. Ban opat geus aya sabelas. Rek make nu mana tinggal “dren”. Sim geus boga bisi rek nyupiran sorangan. Bujang purah ngabarengan aya. Lamun hoream nyupiran sorangan tinggal nelepon Karta. Lamun hayang ulin rek mawa Ma Haji nu mana. Nu di Kalen Etek, nu di Rawa Gempol, nu di Labandampit, atawa nu di Peraubosok. Tinggal “halo”. Da di imah nu ieu mah Bah Haji Enoh teh nyorangan sanggeus Ma Haji pupus.

 

Tah, harita teh Haji Enoh kadua anak keur uplek di teras.


“Nggo kula sih keprimen Bah Haji bae. Lamunan maksa ya esuk kula miang ning Bandung. Pengen motor kaya apa Bah Haji”


“Aja miang ning Bandung. Abah wis ngomong karo Karta. Ko sore ana wong sing arep teka mene, nggawa moge.”


“Moge…moge apa Bah,…..kula beli ngarti.”


“Moge…primen sih, moge bae beli ngarti. Moge ku montor gede.”


“O, motor gede.”


“Ya, jare Karta ana wong sing arep ngedol. Kira mesine bagus wis tuku bae. Abah wis beli tahan, pengen numpak moge.”
(Terjemahan bebas: (Sd) Kanggo abdi mah kumaha Abah Haji bae. Lamun maksa nya enjing abdi angkat ka Bandung. Hoyong motor model kumaha Bapak Haji//Ulah mangkat ka Bandung. Abah geus ngomong ka Karta. Ke sore aya jelema nu rek datang mawa moge//Moge, moge teh naon Bapak, abdi teu ngartos.//Moge, kumaha sih moge teu ngarti. Moge teh motor gede//O, motor gede.//He eh, cek Karta aya jelema nu rek ngajual. Kira-kira mesinna alus mah beli wae.. Abah geus teu tahan, hayang numpak moge.

 

Gancang carita, sorena Karta datang. Bener we. Karta ngabonceng dina motor gede. Nu ngaboncengkeunana jelema jangkung gede. Kumis baplang. Sirah butak. Janggot ewer-ewer. Make calana komprang hideung. Baju hideung teu dikancingkeun. Katempo kaos oblongna. Deukeut beuheung katempo tingraruis bulu dada. Leungeunna make geulang hideung. Jigana mah akar bahar tea. Ramona reunceum ku ali kawas bodor Tessi Kabul tea. Buset. Eta batuna teu sirikna sagede-gede jengkol kolot.


Bah Haji Enoh olohok mata simeuteun. Katempo rek seuri. Ngan ditahan. Naon anu jadi rek seuri. Eta tuda kaayaan eta jelema teh mani tojaiyah pisan jeung Si Karta. Kuru aking ngajangjawing. Boga pingping cek paribasa ngan sagede suling. Mata cileur kawas dieunteupan laleur. Ceuli leutik kawas ceuli beurit. Leumpang ngarampeol kawas nu mabok arak tujuh botol. Emh, Karta. Biasana mah kami tara merhatikeun maneh. Kakarek kami nyaho yen kumis maneh teh kawas ijuk, kitu jero pikir Bah Haji.

 

Bongan maneh. Datang jeung jelema nu sakitu gagahna. Jadi weh kaciri pisan goreng maneh.


“Kumaha Bah Haji. Resep henteu nu ieu. Kurang gede henteu?” cek Karta.


“Nya engke heula atuh, gampang resep henteuna mah.”

 

Tembal Bah Haji sumanget. Hatena mah geus cocok pisan kana eta motor. Pikiran Bah Haji ngalayang ngabayangkeun kukurilingan di lembur bari ngabonceng Neng Susi, pamajikanana nu kaopat.


“Mangga atuh caralik heula…” cek Haji Saren ka nu disanghareupan.


“Wah, bener oge nya. Motor mah gampang. Ayeuna mah ngopi heula angguran ge,” cek Karta.


Di tepas uplek ngobrol. Kira-kira sajam riungan bubar. Karta jeung babaturanana mawa mobil Bah Haji, balik. Ari motor ditinggalkeun heula da Bah Haji hayang ngajaran heula memeh jadi henteuna jual beuli. Sanggeus tamu baralik Haji Saren nanya ka Bah Haji.


“Bah Haji, dibaturan ulah ngajajal motor teh?”


“Teu kudu, Abah bisa sorangan. Tibang beda dua kikiping na. Pastina ge kitu-kitu keneh. Rek ngurilingan lembur we heula, moal jauh-jauh. Bari na ge moal ayeuna ngajajalna. Engke bae balik jumaahan.” tembal Bah Haji.


“Aeh enya nya, ayeuna poe Jumaah. Lamunan kitu mah kula ne ki permisi bae,” cek Haji Saren.


“Jung rek balik mah.” Engke ka dieu deui, urang rundingan harga.”


“Motor moal di kejerokeun?”


“Keun engke ku Abah.”


Haji Saren balik. Bah Haji ngasupkeun motor ka jero. Laju gura giru mandi. Geus boga rancana, balik jumaahan ngurilingan lembur. Di masigit daek teu daek pikiran Bah Haji kana motor. Biasana lamun geus salam terus ngilu ngahaminan doa, ayeuna mah henteu. Jlag jlig jleg lengkahna lengkah gede ambeh gancang nepi ka imah.

 

Teu lila motor geus diselah. Motor alus, mesin alus. Sakali selah terus hirup. Bah Haji alak ilik heula. Jigana mamarah kumaha ngasupkeun gigi. Dasar jelema calakan. Teu lila Bah Haji geus ngoloyong ti buruan ka jalan. Durudut sajalan ngurilingan lembur.

 

Palebah deukeut masjid batur nu karek baralik asa olohok nempo Bah Haji naek motor. Pangpangana mah Bapak Guru Kepala. Langsung ngagorowok.


“Bah Haji eta kagungan!” cenah bari nuturkeun leosna motor ka kulonkeun.

 

Bah Haji ngerem. Teu pati jauh eureunna jadi teu mundur da hese.


“Lain, karek ngajaran. Can dibayar. Mangga atuh.”
Dua kali mengkol Bah Haji eureun da aya Nyi Inoh. Bari alumna alimen Nyi Inoh ngajawab sanggeusna Bah Haji nanya.


“Ah, alim ah. Sanajan dibere motor gede oge ari jadi nu kalmia mah najis.”


Ari Nyi Inoh memang rada judes. Bah Haji Enoh pok deui.


“Kumaha mun jadi nu ka 4, kajeun ku Bapak diserahkeun hiji.”


“Daek lah lamun nu ka opat mah, tapi ulah motor wungkul, jeung imah ongkoh, mobil ongkoh.”


“Beres. Engke ku Bapak dipangnyieunkeun gedong. Moal sabaraha duit ieuh. Geus heula nya, Abah indit heula nya,” cek Bah Haji Enoh bari ngasupkeun gigi hiji.

Motor maju. Palebah imah Bapak Guru Kepala kabeneran nu boga imahna di luar keneh, Can asup ka buruan. Bapak Guru Kepala ngagorowok deui.


“Bah Haji, eta kagungan…”


“Lain, can dibayar, ieu mah keur ngajajal,” cek bah Haji ngagorowok tarik pisan.


Geus opat kali muter di lembur Bah Haji teh kaluar ti lembur. Maksudna rek ka Kalen Etek. Sakalian rek nempo jikan keur naon. Rek bebeja boga motor ongkoh. Di tungtung lembur aya Bapak Panghulu. Di warung Ceu Sanih, di tungtung lembur loba pisan lalaki awewe keu pada jarajan. Bapak Panghulu jigana rek ka sawah da manggul pacul. Nempo Bah Haji dina motor Bapak Panghulu ngagorowok da Bah haji Enoh teh teu eureun. Nu ngagorowok teh lain Bapak Panghulu wae. Nya nembalna sarua kawas tadi.


“Lain, can di bayar, ngajajal keneh.,” bari ngadius ka Kalen Etek.


Teu lila di ditu. Disuguhan baeud ku pamajikan. Gagancangan balik deui. Di tungtung lembur, di warung ngahaja eureun.


Ceu Sanih nyora.


“Bah Haji, punten eta kagungan…”


“Yeh, ari sia Sanih, pan ti tadi oge urang geus ngomong, lain,lain. Ieu mah ngajajal keneh, can dibayar……..” cek Bah Haji Enoh nyimpen kesel.


“Sanes, sanes motor, eta kagungan…dina

tengki…konci..eh ..konci…nambru..,” cek Sanih, da memang latah.


Bah haji Enoh nempo kana tengki.


“Astagfirullah….,” cek Bah Haji bari nutupan anu nampuyak dina tengki. Paingan karasa tiis ngahiliwir. Poho tadi jumaahn teu dicalana. Buru-buru tea.


201901250000_Kotabaru_Karawang

 

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler