Skip to Content

Karawang

Foto Rahmat Asgar

KARAWANG

Ku : Rahmat Asgar

 

Wastana Karawang

Angkeuhan nagri salaksa industri

Lengkahna natrat na jalan panjang

Umbul-umbul ngajaul ka alak paul

Yasana para punggawa pangbela bangsa

Aman....ma'mur....waluya kana jatina

 

Tigin anceg mitapak kana papagon

Ombak sagara lir gumuruh sumangetna

Hamo mundur satapak dina ijenna

Angkeuhan nu nanceb na jero dadana

Gemah ripah loh jinawi rahayatna

Adil palamarta ngawujud kalawan nyata

 

Rengkenek jaipong dipirig kendang

Aweuhanna ngoncara ka mana-mana

Haleuang pejang sora jadi mitanda

Adat nu pengkuh na jati dirina

Rineh...betah...saha wae anu datang

Jauh dijugjug anggang diteang

Asal laksana ngalanglang kota karawang

 

Lamping citarum

Medio September 2022

 

 

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler