MAPAG TAUN
Ku : Rahmat Asgar
Tiap anjog ka taun anyar
Kabungah jeung kamelang kadang samar
Bungah dumeh nambah itungan
Melang ditungtut balitungan
Salengkah dua lengkah
Sajatina ngan ukur muru tutunggul
Naon atuh nu kudu dipake agul
Ukur karumasa anu ngahunyud
Palangsiang koredas dina sumujud
Tumamprak dina ka teu walakayaan diri
Sumerah pasrah
....La haola wala quwwata illa billahil a'liyyil a'dzim....
Lamping citarum
Akhir Desember 2024
Komentar
Tulis komentar baru